bisa jadi anu dicirebon oge malah aya kajadian di hiji lembur aya jalma masih keneh ngora ( bubujangan keneh) geus beunghar tapi teu asup di akal ( lain su'udjon) manehna gawe di jakarta malah bareng jeung batur salemburna asup gawe bareng, masa gawe bareng, gajihna sarua jeung anu lianna anu saangkatananna, jeung euweuh usaha sejenna sampingan ngan ukur didinya wungkul, tapi di lemburna eta jalma bisa loba bandana maje jeung ka beuli sawah sagala rupa apanan teu asup akal, da babaturanana mah biasa bae ukur pas-pasan malah hareraneun.
tapi kiwari eta jalmateh geus almarhum malah maotna bubujangan keneh, teu pira ti kosewad tina dahan jati jangkungna ukur sameteran, keur ngadongkang ngala pangpung
walahu alam bener heunteunamah, saurna anu munjung ka monyet teu meunang tataekan, sisiaran jeung moe pare, naha bener kitu ?
Di daerah cirebon aya daerah semacam suaka alam nu dijerona eusina monyet
wungkul. Loba pisan monyetnateh. Daerahna diseput Plangon. Teuing kawas
kumaha eta suaka teh kuring can pernah datang langsung kadinya.
Ceuk beja monyet-monyet di Plangon teh lain monyet samanea tapi monyet
kajajaden. Asal monyet etateh jama. Kulantaran manehna 'ngetek' basa geus
paeh teh manehna salin rupa jadi monyet.
On Wednesday 29 March 2006 1:22, kuncen kasep wrote:
> Aya carios tina sumber anu bisa dipercaya :
>
> Ngenaan ngetek naha ennya atawa henteuna teu langkung anu masihan masukan
> ti saha wae anu sakirana bisa nyambungkeun jeung anu ngarana muja, munjung
> (gawe bareng jeung siluman)
>
> Kieu ceuk beja lamun jelema munjung ka monyet (NGETEK) pihak siluman
> monyet teu menta wadal jelema anu kawas siluman sejenna diantarana buta
> hejo atawa siluman maung anu khanibal, tapi lamun ka siluman monyet
> (ngetek) urusanana urang dina waktuna kudu daek jadi anggota siluman monyet
> salila manusa anu bersangkuta can dipunduk umurna kunu kawasa.
>
> samisal kieu umur manusa ku nukawasa dipasihan 6o taun tah lamun manehna
> (ngetek) ka monyet bisa dina waktu umur 60 taun eta di potong 10 taun
> pikeun ngabdi ka siluman monyet, misalkeun ki Arjiam Munjung ka monyet dina
> umur 30 taun sedengkeun manehna ku maha kawasa di pasihan kumalendang di
> alam dunya dipasihan 60 taun, heug manehna jeung siluman monyet ngayakeun
> perjajinan 10 taun. tah panginten Ki arjilam teh dina waktu atawa dina umur
> 50 taun geus maot (paeh) tina raga badagna nya paeh ti alam dunya,
> sedengkeun paehna eta teu terus di pundut kunu maha kawasa, tapi manehna
> nyimpang heula ka alam siluman Monyet tea sa lila 10 taun. tah kitu
> balitungan pikeun ka jalma anu mahiwal kasarad ka nagara MONYET, kumaha tah
> pamendak saderek kintena aya lebetan sarengpamendak anu sanes kintena aya
> sumber anu langkung jentre.
>
> mudah mudahan ieu carios bisa ngageuing atanapi pieunteungeun kanggo
> wargi-wargi sadaya atanapi pikeun ngaronjatkeun kayakinan ibadah urang kanu
> kawasa, da geuningan urang teh kumalendang di alam rame ieu ngan saukur
> sajorelat di banding urang jaga diakherat anu bakal langgeung.
Blab-away for as little as 1ยข/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

