Haturan kang Susanto, mangga linggih di lembur babakan kusnet.Nepangkeun si ipeut dumuk di Wetan. Eta perkawis nikah siri teh da tos lumrah kanggo, para pameget anu aya bakat nyandung. Ngawayuh teh teu cekap gaduh hiji bojo teh, dugi ka opat ge, rupina kirang keneh....he he
Tapi upami istri anu sepuh nyatujuan mah nya atuh teu nanaon nikah siri, apan paraturan kanggo PNS mah abot upami terang nikah resmi, jalaran teu kenging tea.
Nikah siri anu rugel nya istri, teu gaduh jaminan nanaon kanggo massa depanna, kajabi upami siistri anom dipasihan modal dagang. Tah eta mah kantun ngokolakeun satiasa2 sangkan dagangna maju. Cara ieu anu seueur di lakonan ku parapameget anu alim repot...he he he
 
ipeut
 


wpsusanto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nepangkeun abdi nembe janten member di ieu milis, upami ningali nami
abdi sapertos Jawa , margi nami ieu kenging ti pihak suami.  Bungah
pisan tiasa mendak milis sunda sapertos kieu, margi di dieu (Texas)
da pami nyarios sareng rerencangan ti Sunda oge mani asa sapertos
dulur.

Ngaos berita atanapi carios pernikahan di Indonesia, naha mani seeur
perkawis rumahtangga anu awet rajet, anu disebabkeun ku pihak
ketiga, utamana isteri  (gadis anom), anu kersa bae nikah siri
sareng pameget anu tos gaduh kulawargi. alesannana pasti dasarna
cinta, tapi tetep bae geuning saatos nikah siri teh gaduh tuntutan
sanes-sanes saperti saleresna isteri pertama. Padahal mah nikah siri
teh teu keudah rundingan sareng isteri pertama, da prung bae
nararikah , mani gampil, sareng anehna kulawargi ti pihak gadis
malih kadang nyatujuan pisan, ngabantos supaya nikah siri teh tiasa
terlaksana.  Dalihna daripada berzinah.

Kumaha atuh-nya eta nurani para kulawargi anu menikahkan siri teh,
naha teu ngemut ka duka derita isteri pameget eta sareng putra-
putrana ?  Sanes ku masalah harta semata pan ari ngalalana di dunya
teh, apan kebahagian rumahtangga abadi teh cita-cita para isteri
waktos ijab kabul kapungkur teh ...?






Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke