Kang Dede buku "Sajarah Sumedang" anu kumplit jeung nu ngawitan, didamel ku sastrawan Sunda Memed Sastrahadiprawira (1897-1932) dimedalkeun ku Balai Pustaka di jaman Walanda. Kuring kungsi maca sosoehanana waktu ngilu beberes di bumina Pun Ua kapungkur di Bandung. Ngan hanjakal ngan aya sababaraha lambar, dipilarian nu sejenna teu kapendak. Eta buku jigana henteu dimedalkeun deui, benten sareng roman sajarah "Pangeran Kornel" oge karangan Memed Sastrahadiprawira nu kantos dimedalkeun deui ku penerbit Geger Sunten. Sugan aya baraya aya nu nyimpen buku karangan Memed S ieu? Kuring oge bade motocopy upami aya mah.
Di Musium Geusan Ulun Sumedang, sigana aya icalan buku Sajarah Sumedang, ngan sigana moal rame sapertos karangan Memed. Bu Nina Lubis oge ngadamel buku "Sejarah Kota-Kota di Jawa Barat", didinya oge aya sajarah Sumedang. Buku Bu Nina Lubis ieu diical di Gramedia di Bandung, duka tah upami di Gramedia Jakarta mah ..... Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: Jatigede To: [email protected] Sent: Saturday, April 01, 2006 10:16 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Baruntakna Sumedang Jeung Ukur ka Mataram , 1628 - 1635 M---Kang Waluya! Kang, Abdi hoyong terang sajarah SUmedang (mun bisa ti awal dugi ka akhir yeuh he...he... kawas aya wae nya) Leres kang abdi nuju diajar daerah sorangan heula. Kang dimana abi tiasa terang sagalana eta. Muhun nu kahiji pisan mah kedah ka Museum Sumedang, namung teu acan pareng wae. Komo palebah sajarah Daendels abdi hoyong terang pisan kedah kamana nya? upami aya foto copy-an sajarah sumedang mah abdi hoyong pisan dikintun keun perkawis ongkosna mah abdi siap. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

