Tungtungna mah sagala rupa ge balik deui ka urang: mun euweuh nu rek meuli mah, saha nu rek ngajual? Kalakuan urang anu kitu, hayang senang ku gampang, batur ditengkas mah paduli teuing, jadi ladang suburna KKN (hualah, punten, ngabejaan bulu hiris ieu mah). Tapi da nya kitu. Mun urang hayang numpes nu karitu, urang ulah make jalan kitu. Tumpak kareta mayar di luhur, ngurus surat2 make calo, nyogok ngarah ditampa gawe, jsb., eta teh pupuk pikeun mekarna korupsi.

jk

On 3/29/06, Yuliadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ieu mah pangalaman di keluarga, anu taun kaliwat.....(bisa dijadikeun trik)
nyoal ka cpns
pun adi awewe antri formulir rek miluan test cpns jang instansi (..)
sabot ngeusian form didatangan ku oknum pemda
(fbsjdfbjhjhjdfjshfugtirgjipfjgkjesjes yesyesnono) haharewosan maksudna mah
sapakat dibayar ku deposito 40jt a/n pun adi awewe.
test dan tidak lulus
hahahaha si oknum ngamuk berat.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke