Mang J, kedahna Kusnet oge medalkeun "tabloid" mingguan basa Sunda, haratis....
dibagi-bagikeun ka sakola-sakola, sareng masyarakat. mung peryogi modal awal, salajengna mah waragad sugan tiasa katutup ku biaya masang reklame.
Kabita di Korea khususna di kota Seoul aya sababaraha tabloid haratis (dintenan), dibagi-bagikeun distatsion sub-way, statsion, terminal malih mah ditiap parapatan aya kotak husus kanggo nyimpen eta tabloid, anu peryogi tinggal nyandak.
Panghasilanana mah cekap tina biaya masang "reklame".
Sok ahhh... urang tatan-tatan, maenya batur tiasa ....
 
ssw
 


mj [EMAIL PROTECTED]
asana kungsi kang Uu Rukmana nyarios, saheulaanan mah bade di wewengkon kang Dada Rosada cenah, meureun jeung kabupatenna da disebutna Bandung Raya. Kuduna mah langsung we nya tembus ka lembur2 Tatar Sunda. nu jelas, pangaoz langganan leuwih murah ti ngecer.

jadi hayang nulis novel basa Sunda eung. ke sugan bisa. piraku henteu, heuheu, asal ulah daria teuing, matak leweh. hehe

kumincir < [EMAIL PROTECTED]> wrote:
Uink mah can manggih, euy... Hanas unggal poe ditempoan ka Pengkolan (puseur kota Garut), teu manggih dua-dua acan, padahal ceuk Pa Usep Romli basa poe kemis, bakal nepi ka Garut cenah, da geus aya nu pesen... Gendok we nu aya, piraku kudu pesen via pos mah?! heuheu...

jk


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke