Aeh2 teu kenging awon sangki urang teh, meueureun eta katujuh anak saderek Sekda teh;
1. Palalinter, ngalalab gampil soal test. 2. Bapana cerdik, soal dibocorkeun, neangan soal ti payun. 3.Bapana kalibat dina nyieun soal, terus dibocorkeun tiheula ka si tujuh. 4.Aya padamel di panitia anu ngajilat, masihan soal sareng jawaban ka Bapa. Sugan wae naik pangkat. 5. Sogok panitia Rp 25 juta/kepala. saga nu nyogok, duka, tiasa oge sponsor... Numana nya, duka, tapi positive thinking wae, syukur anu no 1 alesan katampina. Sanes kitu ? --- Nia Sri Winiarsih <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Kamari rebo teh kaping 29 Maret, rencana libur > panjang bade damel di bumi..ti kantor teh nambut > notebook sagala..lumayan libur panjang teh, > susuganan aya pagawean anu bisa dikelarkeun, .. > Na atuh wengi2 teh tabuh 7 si bibi nga sms, ngajak > uih ka tasik isukan isuk cenah..atuh gura giru > beberes. > Tereh, dugi ka garut teh tabuh satu siang, mampir ka > ua ( gaduh ua di garut ayeuna mah :)....si ua > ngadongeng wae...saurna mah di garut waktos > pengumuman hasil pns, aya nu demo......sekda garut > cenah mah( punten nya bilih aya wargina sekda garut > di dieu...), mani kacida pisan....ceuk beja, budakna > saopat2 lulus janten pns, dugi ka calon mantuna 3an > oge ..lulus...sedengkeun anu tos ngahonor mang > welas2 taun..bujeng2....deudeuh teuing, pok bapak > sekdana teh cenah...tenang wee atuh da taun hareup > oge aya deui pengangkatan....ditembalan kunu demo > teh..muhun bapak bisa tenang da tuh.tingalin > satujuh2 anak mantu bapak lulus sadaya... > Teu abis pikir, naa atuh..ceuk abdi mah, eta putra2 > sekda teh, teu moretekar..maksud teh, teu nyoba > nengan pidameleun anu sejen di kota.. perusahaan, > atanapi wiraswasta....da sedengna oge sekda mah > orang mampu, mampu nguliahkeun, mampu ngamodalan,... > > Pedah ketang ari kahoyongna ka pns mah, nya teu > nanaon, asal...bener teu eta teh lulus murni hasil > tes?, mampu di gawe teu? ulah ngan ukur kongkow2 teu > puguh makan gaji buta,..ulah ngandelkeun aji mumpung > bapak aing, ah duka teuing ketang. > > Jumaah enjing, sarapan mani nikmat, TO plus sambel > ledok, asin sepat, sareng gorengan tempe anu rangu. > Dinten jumaah siang bada jumaah, amengan ka gunung > galunggung da ti singarparna mah caket, euh mani > resep, ngojay di cipanas, mani jejeretean teu kiat > ku panasna, resep2 teh ngojay, di seseret wae ku > salaki, ulaah lila2 ngojayna cenah, bilih cape > teuing.....emam siang ngalembrak di sasaungan, samel > ledok deui, sepat deui, pepes ikan mas, osreng > picung sareng lalab ... > > Satadina mah hoyong ngabaso di tasik teh di baso > simpati, mung teu kabujeng, pedah di ciputri oge > aya, baso merdeka, ah lumayan... > Mung kantos balanja panci2an we di pasar > singaparna... > > Sabtu, uih deui ka tangerang...cape tapi resep, > pidameleun utuh.... > > Mangga nuhun > > Nia > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

