jk
-------------
kang boim:
Baraya...,
sakumaha anu geus dijanjikeun tianggalna yen dina tanggal 2 april rek aya acar ulin ka CIbatu Garut (ka bumina kang Deni sw), anu geus paheut rek ngilu teh angger sakumaha anu geus ka daftar ti samemehna nyaeta : kuring (boim bin Iim), kang haji TS, neng Iva, neng Linda, neng Gege, neng Mpup + kang Kumi, katambahan ku kang Darpan (Cupumanik) sareng bojo + putrana.
Dina waktuna poe minggu tea sakumaha anu geus dijanjikeun yen anu ti Bandung kumpul di deukeut parpatan kopo - by pass jam 7.30 isuk, tapi dina emprona kakara kumpul ampir jam 8 kurang (biasalah...hehehe) samalah neng Linda mah langsung dijemput di gerbang panto Tol kopo ambeh sakalian mangkat da lamun nungguan mah piirahaeun deui pasti kana lilalana jeung deuih itung-itung bonus keur neng Linda anu milangkala poe harita teu samemeh mangkat nga sms heula kang neng Gege sangkan siap-siap nungguan di hareupeun alun-alun leles ngarah langsung ngabiur ka kota Garut pikeun ngajemput nyi Mpup + kang Kumi anu keur pakanci di kota Garut.
Teu kacatur di jalana mah urang ringkes bae carita geus nepi ka tujuan (bumina kang Deni di Pasantren Keresek Cibatu), sok sanajan rada kukurilingan heula di Garut neangan alamat nyi Mpup....hehehe.
Sadatangna ka Cibatu sanggeus reureuh tur ngopi rangining, cau raja cere jeung nu liana, samameh dahar balakecrakan ku kang Deni di ajak heula ulin ka curug kancil anu aya di wewengkon Cibatu keneh keun bae teu nguseup cenah da moal beubeunangan da laukna oge geus diala ku barudak santri samalah mah keur di goreng cenah...mendng urang ulin heula ka curug ngarah ke segut/ponyo daharna ari geus ulin heula mah....
Atuh sarerea bring bae arindit ka curug tea, sugan teh deukuet ari pek geuning lumayan jauh jaba jalan nanjak jeung tarahal, kacatur di perjalanan nuju ka curug tea anu nanjak jeung tarahal tea kang haji ampir-ampir moal laju alias mopo (da beurat ku awak) ari alesanana mah cenah lebar ku ningali pamandangan anu sakitu endahna nempo kota Garut ti luhur punclut jangan dilewatkan cenah jeung bari nungguan nyi Mpup bisi mopo (padahal nyi Mpup mah geus ti heula)....kitu cenah alesanana teh...hehehe.
sabenerna mah aya jalan anu teu nanjak tapi pas rek mengkol ak dinya aya nu ngebejaan ulah kadinya cenag jalan leueur komo jeung aya budak awewe palaur cenah...atuh kabehanana nurut sok sanajan jalanna nanjak oge...
di satengahing perjalanan anu tinggal sababaraha puluh meter deui anjok ka curug aya kajadian kang Darpan ngadon ngajoprak di bangku warung bakat kucape jeung mopo tas nanjak tea atuh pada ngariung ku urang lembur disangkana kapiuhan padahal mah ukur lungse balas nanjak....samalah aya hiji lalaki anu ngamang-ngamang bedog sagala....hehehe (padahal mah ngebahkeun hayam meureun ku bedog...heheh).
kacaritakreun anjog bae ka curug sok sanajan katempona rada ripuh oge, ari kuring mah Alhamdulillah salamet tur kuat teu nepi ka mopo keur mah geus biasa ari lalampahan nyorang tanjakan mah...(samalah mah pan peutingna oge tas naek gunung heula....hehehe).
sanggeus rareueuh sacukupna di sisi curug bari diparoto jeung ngopi rujak atuh sakabeh bring bae marulang deui tapi ayeuna mah teu ka jalan anu tadi tapi make jalan anu sakumah tiheula rek disorang tea, bener bar lamun seug tadi make jalan nu ieu moal aya kajadian kang haji mopo jeung kang Darpan ngajoprak di warung tapi ketang lamun teu kitu moal aya carita nu siga tadi eta meureun hikmahna....hehehe.
urang singkat bae kacaritakeun geus anjog deui ka bumina kang Deni, sabada ngareureuhkeun kacape jeung murag duwegan kalapa dibarengan ku gula beureum, diteruskeun ku dahar balakecrakan ngahanca goreng nila anu ngerekes ples lalab sambel (peuteuy, semur jengki, daun sampeu de el el...kabehanana kacida segutna keur eukeur geus lapar titadina...atuh goreng nila sabasakom teh mani gancang beakna ukur nyesa sababaraha siki oge tinggal nu laleutikna. Anu matak helok mah kang Kumi sok sanajan salira alit ari tuang teu kawon ku kang haji...seep goreng nila 3 siki dipungkas ku sayur lodeh....hehehe.
rengse dahar balakecrakan dituluykeun ku ngobrol ngaler ngidul samalah mah neng Linda katempo geus lelenggutan nundutan....hehehe (sigana pangaruh nila naek kana panon...hehehe).
Kira-kira tabuh satengah limaan kabehanana amitan ka pribumi (kang Deni sakulawargi) bari teu poho nganuhunkeun kana sagala panampiananana....keur mah eukeur aya nu rek langsung ka Bekasi (kang haji Ts + neng gege) bisi kapuetingan teuing di jalana atuh bring bae sarerea marulang. Teu kacatur di jalana mah pokona sabada ngajajapkeun nyi Mpup + kang Kumi ka Jt.nangor jeung kang haji + neng Gege ka terminal leuwipanjang, masing-masing pisah ka tujuan sewang-sewanganana.....
tah sakitu carita lalampahan poe ka kamari ulin ka Cibatu teh...sok bilih aya nu rek nambahan mah prung ah.....!!! keun ari poto-potona mah engke dialungkeun ku neng Linda ka warung.....(punten mani panjang nya.....heheheh)
cag....ah, nuhun.
"kkbm'69"
-nengLinda punten teu dijajapkeun ka soreang....nya...hehehe.
-------------------
Kang Toni:
kamari tanggal 2 teh saperti nu tos dicarioskeun yen kang Deny suwarja sareng istrina(teh Enung), ngulem kanggo amengan ka bumina di Cibatu.
saenggeus dipastikeun tanggal jeung sabaraha urang nu rek ngilu...caritana mah jadi weh ka garut kamari teh ngabring nu ngiring teh - kuring (cep deden), Kang Iim, neng linda, Neng Iva, Neng Gia,kang Kumi jeung pupi (anu keur bureuyeung 7 bulan)..
indit ti Bandung teh jam 7:30, tapi kedah ngajemput heula nu ngora (neng Linda) di tol Kopo da' keuna ku macet cenah jabaning kudu rada special atuh da' keur pas poe ulangtaunan pisan...
jadi pasna mah indit ti bandung teh jam 8an ...nepikeun ka leles nungguan heula neng gia 10 menitan terus ngajemput kang kumi jeung neng Mpup, di garut Kota..
kapanggih teh keur pahare2 we siga nu teu warawuh..... terus sakalian weh balanja heula sabangsaning lelebokeun... langsung weh indit ka bumina kang deny nyampak kang Darpan jeng anak istrina diditu teh...ngobrol2 bari murak lelebokeun tea..
kang Deny aya Ide, cenah urang ulin ka Curug....di heueuhkeun ku neng Mpup bari semangat 45 tea...atuh kabeh ngahayukeun weh...
indit teh sekitar jam 10:30an lah...pas mimiti mah asyiek2 ajjah....nepikeun ka sapersapuluhna jalan mah masih siap lah sok pahlawan sagala, marantuan para 1oja anu rek naek....pek teh dijalan aya nu megat, cenah "tong jalan kadinya rumpil, karunya ka para1oja!"
nya demi para 1oja tea atuh milih weh jalan anu ditunjukeun ku nu keur alistirahat teh...
pek teh beuki jauh-beui jauh njiirrrrrrrrr eta mah jalan na salain rumpil jeung nanjakna kabina2...
mani nenggek pisan....eta teh aya kana 3 kilona asana mah da' di waktuan teh nepikeun ka Curug teh 1 1/2 jam...eta mah uing ge' mopo nepikeun ka aya 3 kalina.....hihihi (ngaku ayeuna mah)....
didituna mah teu ngaku da' kamari pas mopo teh ditanya ku kang Deny' Keur naon Ton? Kuat keneh henteu?" cenah, eh itu kang Deny uing mah keur Tadabur alam, bermuhasabah Ka gusti ceuk uing teh... eta ninggali
kaendahan alam nu teu aya papadan coba ditinggali ti luhur....nya perlu dinikmati ceuk uing teh....padahal jantung mah geus renghap ranjung bari pias(cenah ceuk kang deny jeung nu lain)hihi...eta oge sakitu untung neng linda nyesakeun cai sagelas, bari jeung ku tiluan deuih neng iva, neng Gia terus uing..lamun teu katetesan mah sigana uing bisa pingsan di Jalan tah...
eta mah bakating ku frustasi ninggali unggal belokan naha aya keneh tanjakan wae geningan bari jeung euweuh rata2 pisan eta taneuh teh...
komo pas nanyakeun ka nu unggal ngaliwat mah...pa' ieu teh aya sakilo deui nanjakna? aya cenah wallah ampir2an uing bedo euy...da' sigana lamun si kumi jeung mpup harita baralik deui uing ge da' ngilu tah..bebeja we kabatur mah(karunya neng Mpup jeung jang kumi bisi kumaonam hihihi..
uing mah ngagoler (da'pangpandeurina..)biasa bebeja ka batur mah uing mah ngawal si mpup ceukeng teh....karunya bisi ngagorolong kahandap.. kan aya nu nyanggap kuuing he..he..
pokona alesan mah loba pisan we (namina oge Cep Deden atuh) heuheu....
eta mah uing mah aya watir aya hayang seuri ninggali nu reuneuh 7 bulan naek ka gunung beu!!....eta jeung bureuyeung..geus didorong mah titukang...geus di gusur tihareup ku salakina teh bari jeung nybut mamawa gorobag cenah heuheu...
eta raray neng mpup beu..ni persis siga tomat asak ni amucuy...kitu deui salakina geus buka baju sagala...wanian keur rengkung teh hihihi....
tah geus nepikeun ka lembur geus rada gede harepan teh, da' cenah geus deukeut...pek teh angger we peleteng deuiiiiii...bari jeung jalan na becek deuih ayeuna mah nurugtug....
tah tapi saencan nepi ka dinya teh meunang kaahengan deui di jalan teh....rombongan uing nu pangtungna, uing, Kang deny, kumi jeung pupi...di jalan aya nu megat ku jelema jangkung badag, hideung,teu make baju, nyoren Bedog deuih...Njirrrrrrrrrrrrrr eta mah geus ketar-ketir euy...
sugan teh boga dosa naon weh kituh...da'kabeneran didinya jelema ngagimbung deuih... pek teh celengkeung teh nini2 nyeletuk..
"eta rombonganan tos teu araya cenah tos tuluy, itu aya nu kasambet!"cenah ...pas di tinggali teh enyaan we keur ngajopraks dina bangku warung bari jeung di gimbung ku nini2 wungkul jeung urang lembur dinya..
pek teh geus disidik2...pek teh kang Darpan (Darpan arya Winangun)tea....pingsan euy..ditinggalkeun ku rombongan termasukku anak jeung pamajikanana.. geus kitu mah di rawat heula weh ku kang Deny...bari jeung dipapagahan sina ngagantungkeun sukuna kaluhur....cenah ngarah getihna balik deui he..he...(teori Guru Biologi tea atuh, matak kang Darpan ngagugu oge )he..he..
geus beres weh pingsanna....ngomong kang Darpan teh, tong nepikeun ka urang kota nyarahoeun cenah....(maksudna amh urang Lembur jeung GL meureun) he..he..
bisi teu rame cenah da' rek dijieun cerpen sakalian eta kajadian teh cenah (dasar ari sastrawan nya?!!)he..he...
geus jag-jang belejag deui mah ngabring deui weh ka Curug tea....bari jeung nepikeun ka curug teh ngan ukur 15 menitan reureuh teh didinya teh..ngan ukur ngabageakeun neg Iva we jeung neng Linda pating kucuprak handapeun curug nu caina leutik cenah ceuk paribasa nu bohong mah jeung kiih beurit oge gede keneh cikiih beurit he..he..
nya sesana mah urang teh ninggali nu barobogohan we pating aroyag dibalik tangkal awi, nepikeun ka neng Iva mah kabitaeun...heuheu pas ninggali jam geus jam 1:30..nya kapaksa baralik deui da' beuteung kukurubukan meureun....ayeuna mah jalan na lain kanu tadi...nyaeta ka jalan anu teu jadi disorang tea...pek teh beneran ngemplong si gelo teh....teu pati nanjak teuing, jalanna oge ah sakitu mahalus we....
ku teungteuingeun et mah si bapa2 nitah jalan kanu nenggek tadi, ceuk teh Enung mah eta mah sigana penampakan...da' tisasari oge tara aya nukitu cenah...
beu....beu...eta mah bener.....disorang teh make timer.....balikna mah ngan ukur 17 menit nepikeun ka jalan aspal teh....
kabayang nu ngeunahna mah harita teh pas datang ka bumina kang Deny deui da'...kabeh geus carape disampakeun "é*é Déét" tea euy...bener pisan eta mah lah karasa pisan Deetna teh heuheu....enyaan asa Deet heuheu.....padahal ceuk neng Mpup mah ngeunah keneh nu jero cenah ha..ha..ha...
langsung harita aya nu marandi(para 1oja) mah kabeh....aya nu nguseup, ayanu ngarumpi...langsung tos siap kabeh mah tidinya teh dihaturan balakecrakan...anu kaimpleng teh eta we Nila garing(bubuhan saencan ka curug harita ninggali keur digorengna)beu.....enyaan nepikeun ka beak jeung hulu2na eta ah nila teh....komo kang Kumi mah da' karesepna bungkar-bongkar, diturutan ku kang Deny jeung Uing hihihi...enyaan we gurih geningan bener euy "Sensasinya" lain kang Kumi heuheu.....
teu kaburu tah nguseup mah da' kaburu nyareri awak, ngan kang Darpan wungkul we nyugemakeun budakna"cep Gilang"....nu lain mah ngarumpi di golodog...bari ngadarongeng...
nepikeun ka jam satengah lima, tidinya neng mpup ngajak uih wae siga budak leutik menyeng sagala...nya kapaksa we di tedunan...nepikeun ka bandung teh sugan teh rek langsung nyangsaya dina korsi empuk Primajasa AC..pek teh geloooooooo uing nungguan ti jam 6 teh di leuwi panjang nepikeun ka ampir jam 8 peuting
tapi akhirna bagea wae da' dibarengan ku 1oja geulis neng Gia si barbie mattel tea...jabaning dina beus tehdisuguhan film action romatis "NO LIMIT"...
sorana badag deuih asa we dibioskop....katambah ningali kahandap loba cangkang suuk, ah asa kaingetan atuh cik neng buka eta suuk teh urang bari ngadahar suuk, kan asa di bioskopna teh tah....pokonyah edun weh...bari nyeri sirah oge teu dirasa....
bari ngobrol we sajajalan bari jeung sakapeung ninggali film...
datang ka imah mah langsung nyungseb wae....teu inget deui di bumi alam nepikeun ka subuh tah...karasa teh pedah we adzan dina hape uing terus2an teu eureun2 ti jam 4:30 keneh..he..he...
awak mah asa pasiksak....nepika ayeuna oge ieu teh teuraraos body....
ah cape geningan ngetikna oge.....
engke we tarambahan tah ku nu sejen lah....anu kaliwat2 na mah....heuheu...
cape keneh euy ah.....
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

