Nuju jaman DI/TII aya banyolan"saur sepuh" nu paseana mas karno jeung mas karto nu riweuhna mang karna jeung mang karta, jigana urang sunda the elehan teuing cik atuh ti mimiti ayeuna ulah elehan teuing lain kudu anarkis tapi kudu aya pamadegan sing tegas ulah nu paseana batur urang nu riweuh Ulah jadi objek tapi subjek dina kahirupan, kumaha bapa wae, kumaha saena wae kudu di"tinjau ulang(naon sundana?)"
punten -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] Sent: Monday, April 03, 2006 3:21 PM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] Re: Ruwat Sunda Enya sigana mah MJ. Tatar Priangan relatif ayem tentrem ti taun 1636M (ti saprakna pasukan Mataram newak Dipati Ukur) dugi ka taun 1940M (400 taun!). Salami eta teu aya peperangan gede, teu aya bupati nu barontak ka walanda. Tatar Priangan mimiti "riweuh" waktu jaman Jepang. Si Jepang ieu ngajajahna teu make "elmu", maen "paksa". Contona urang Sunda dititah nyembah panonpoe, disaruakeun jeung maranehna. Atuh puguh keur KH Z. Mustapa nu di Tasik mah (leres kitu nulisna?), ieu teh ngalanggar akidah, barontak ka Jepang. Padahal anjeunna teu kantos barontak ka Walanda mah. Jaman revolusi mah, puguh deui da sistem dirobah tea. Aya nu hayang republik, aya nu hayang jadi nagara Islam (DI/TII). Akibatna Tatar Priangan jadi tempat "campuh", nu teu aman-aman salami 20 taun leuwih. Matak teu aneh keur kolot baheula nu ngalaman "tilu jaman" mah (jaman Walanda, Jepang jeung Merdeka) nyebut jaman Walanda teh Jaman Normal .... Baktos, WALUYA --- In [email protected], mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Sigana bah, tipe masyarakat model karajaan atawa feodal di urang harita sami > atawa teu pati benten sareng di walanda. nu memang nepi ka ayeuna oge > walanda masih karajaan sanajan tos moderen, gaduh parlemen oge perdana > menteri. raja atawa ratuna, Ceu Betrix ngan ukur lambang cenah. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

