haturan kang aj,
 
maksad abdi "kumaha niat nu jaipongan" atawa "kumaha niat nu lalajo" dina nangtukeun erotis henteuna teh dumasar kana arti dina kamus wungkul. lamun geus nyangkut hukum positip mah kudu didepinisikeun deui sing sajelas-jelasna, meureun. ulah ukur dumasar kana perasaan jeung timbangan nu rek ngahukum jeung nu dihukum.
 
nuhun,
 
deha
 
On 4/4/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyeta Kang Dudi, "kumaha niat nu jaipongan" atawa "kumaha niat nu lalajo" hese jadi ukuranana... Dalah kitu, memang kudu dipikiran... Asa teu lucu lamun gara2 Inul, Bali, Sulut, jeung... (mana deuih?)  kaluar ti NKRI...

Baheula kungsi rame adu renyom "elmu bebas atawa teu bebas niley"... Tapi "niley" nu mana? Niley agama? Kapan sababaraha seniman oge percaya yen seni oge agama...

Keur lieur kieu teh, Australia deuih nyoo gado...


AJ

Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
terus naha jaipongan erotis??? kumaha niat nu jaipongna we, meureun. naha keur narik birahi nu "dijaipongna" atawa henteu. oge ditingali tina nu "dijaipongna", naha napsu atawa henteu? he he he he




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke