Leres Kang di Brebes atawa di Banyumas (purwokerto, Cilacap, Purbalingga, Banjarnegara), pangpangna mah kuloneun Kali Serayu, seueur nu nyarios ku Basa Sunda. Malah aran tempatna oge khas Sunda, seueur nu nganggo "ci", siga Cipawon di Purbalingga. Tapi Kebumen mah ka wetan deui, malah ka Yogya oge paling-paling ukur 3 jam deui upami nganggo mobil. Kebumen ampir ditengah-tengah Pulo Jawa. Jadi meureun baheula, nu disebut wilayah Pajajaran (atawa Galuh) teh nya tepi ka Kebumen atawa leuwih ka wetan deui, sabab di Purworejo aya kota leutik, aranna teh Bagelen. Ceuk ahli purbakala Prof. Purbacaraka, Bagelen teh asalna tina kecap "pagaliham"-->"pagaluhan", hartina tempat urang Galuh.
Mana aya anekdot kieu cenah, baheula wilayah urang Sunda teh tepi ka ampir tengah-tengah Pulo Jawa, ngan lila-lila kaseredkeun ka kulon tepi ka tungtungna "tikecemplung" ka laut beulah kulon "Selat Sunda" .... Baktos, WALUYA --- In [email protected], totong usman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cobi ngobrol geura jeung urang dinya, simkuring kamari ti briebes sabulanan > da teu asa di jawa da ngobrolna sunda, saatos udar ider ari pek the di > purwokerto oge aya cikawung, kitu deui di cilacap ngobrolna sunda, kuring > coba metakeun saatos ditaluntik lamun deukeut gunung seuseurna urang > sunda........ > Duka tah da can beres naluntikna sugan aya sarjana sajarah cik geura > petakeun da sim kuring mah lain bagianana pedah sok udar-ider wae ieu mah > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

