Wilujeng Mang J, hampura kuring teu tiasa dongkap, nyaeta kamari teh duka ku naon, bet muriang paranas-tiris. Ti Imah teh geus diniatan rek ke Itenas. Tas ngedrop si Bungsu di SD Salman di Tubagus Ismail jam 7 isuk-isuk teh, ka kantor heula, di Jl. Cisitu. Pas tepi ka kantor awak karasa paranas tiris, kop kana jaket dipapake, kurah-koreh neangan aspirin, leg diteleg. Tapi sirah angger lieur wae. Mandeg mayong, indit entong, kaburu jebul nu nagih laporan pagawean. Tamu teh kalahka ngajak ngobrol kaditu-kadieu, keur sirah lieur teh....der deuih diajak ngobrol, ari teu dilayanan ...hehehehe manehna nu sok mere pagawean ka kuring.
Teu karasa tepi ka jam sapuluhan, aya SMS ti MJ, ah ieu mah lapur ...teu tiasa ngiringan. Baktos, WALUYA > > > tipayun sim kuring nganuhunkeun laksa keti kabingahan ka pangersa baraya > KUSnet nu tos kersa sumping ka acara mesek buku kang Miki, Semangat Baru: > Kolonialisme, Budaya Cetak dan Kesastraaan Sunda abad ke-19. diantawisna > Uwa Sasmita -nu seratana perkawis naskah Sunda koleksi Snock dinten ieu > dimuat di Kompas Jabar- nu parantos kersa sumping. oge kang Soni Jeknyeh, > teu kalangkung teh Puppi -nu nuju bureyeung- ti Jatinangor. > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

