mun di pujasera tinggal mamapah ka payunen bank JABAR antosan weh nu
ka tonggoh teras turun di warung kadu paling oge 20 menitan .... ka
warung kadu teh ,, tah mun rada hese mun naek BUS nu ka subang turun
weh di tegal ... teras naek angkot nu ka tonggoh atanapi elf nu
katonggoh dugi da kadinya oge ka warung kadu
--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
> Punten bade naros sakedik hususon ka urang Subang, pami ti Pujasera, 
> Subang, rute-na kumaha nya....??!!Naek angkot naon wae...??!!Maklum da 
> Abdi mah sanes asli urang Subang heuheuheu...
> 
> 
> 
> 
> "ndoell" <[EMAIL PROTECTED]> 
> Sent by: [email protected]
> 04/06/2006 10:22 AM
> Please respond to
> [email protected]
> 
> 
> To
> [email protected]
> cc
> 
> Subject
> [Urang Sunda] Bewara deui : Kopdar Subang : 30 April 2006
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> Ehm !
> Assalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh..
> 
> Baraya Kusnet sadayana,
> Dina raraga ngabageakeun salah sawios baraya Kusnet 
> anu bade sumping ti Texas nyaeta Teh Netty Martin,
> dibewarakeun yén bade diayakeun acara Kopdar / Silaturahmi
> nu Insya Allah badé diayakeun dina :
> 
> Dinten Minggu ping 30 April 2006
> ngawitan tabuh 09.00 énjing dugi ka leuleusna.
> di bumina Teh Ani Puspita / Kang Ikmal :
> 
> Bp. Hamim
> Parung Hilir Rt. 16 Rw. 06
> Kel. Parung - Subang
> 
> Rute:
> -------
> upami angkutan umum mah, ti Jakarta nganggo kampung rambutan - Subang,
> lungsur di terminal subang ongkosna 15 rb upami AC, teras naek 
> angkutan
> jurusan Tonggoh ongkosna 3rb, lungsur di warung kadu, nae ojek ka 
> bumi 
> ongkosna 4rb. Upami ti Bandung, naik jurusan subang ti terminal 
> ledeng 
> ongkosna 10rb, lungsur di warung kadu naek ojek 4rb.
> 
> Acara : 
>   - Silaturahmi, Wawanohan & Sosonoan
>   - Diayakeun lomba puisi sunda, ngadongeng, ngabodor,
>     pantun, sisindiran jsjbtepnm (jeung sajabana ti eta lah pokona 
> mah)
>   - Haratis / teu kedah mayar, cekap ngabantun patuangan kosong.
>   - Disayogikeun rupi-rupi Door Prize kanggo nu sumping oge hadiah 
> keur
>     nu ngiring lomba.
> 
> Kukituna, sim kuring seja ngulem ka sadaya anggota Kusnét sareng 
> kulawargina, 
> sareng ageung nu dipiharep kana kasumpingan sadayana dina waktosna. 
> 
> Mugi-mugi ku acara ieu, tiasa langkung ngaraketkeun tali silaturahmi
> diantawis baraya Kusnet sadayana.
> 
> 
> Sakitu anu kapihatur,
> Wassalamualaikum Warrohmatullohi Wabarokatuh.
> 
> 
> -Ndoell-
> tukang wawar
> 
> hapé : 08129056192
> imel : [EMAIL PROTECTED]
>






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke