Bale Pamujan
 
Salah sahiji wangunan titinggal karuhun nu pangreana di sakuliah tatar sunda tur tiasa kasampak ku urang dugi ka ayeuna nyaeta wangunan punden (berundak).  Kusabab kecap punden mah asalna tina basa jawa, ku kuring disundakeun jadi "bale pamujan", bubuhan baheulana ieu kabuyutan teh dijadikeun tempat pamujaan ku para karuhun.
 
Bale pamujan mangrupa wangunan nu disusun ku batu-batu jeung taneuh nu dibere bentuk kawas undak-undakan (hambalan) pasagi.  Biasana di undakan pangluhurna sok aya batu menhir--tugu batu nu nangtung tur panjangna ti 40 cm dugi ka dua meter, batu congklak (dakon) atawa batu tahta, oge sok dibalay ku batu-batu nemprak.  Bale pamujan ieu ayana di tempay-tempat anu luhur, saperti di luhur pasir (bukit) atawa di mumunggang gunung.  Numutkeun ahli arkeolohi, bale pamujan dipidamel ku para karuhun dina mangsa 2500 taun nu katukang, jauh samemeh ayana budaya hindu jeung budha.
 
Tempatna nu jarang kasorang ku jalma rea ngajadikeun ieu bale pamujan teh masih seueur keneh nu weuteuh, tapi sagedengeun eta, aya hal anu penting lianna nu ngajadikeun ieu kabuyutan teu kaganggu, nyaeta aya nu ngajagana alias aya kuncen nu matuh di tempat ieu.
 
Ilaharna mah nu jadi kuncen kabuyutan ieu sanes jalma samanea, anjeuna ngagaduhan pangaweruh jeung kaistimewaan tur dipihormat ku masarakat di eta lembur.  Nu sok jadi kuncen teh biasana masih turunan langsung ti kuncen samemehna, jadi posisi kuncen teh sok dicepeng sacara turun-tumurun di hiji kulawarga.  Memang, kadangkala aya oge paganti kuncen nu sanes ti lingkungan kulawargana nyalira, hal ieu tiasa kajantenan kumargi putra-putri eta ki kuncen dianggap teu mampuh pikeun mancen tugas kakuncenan.
 
Seuseueurna, kuncen kabuyutan bale pamujan ieu, nyaeta kuncen "swakarsa" nu teu acan kacatet ku dinas purbakala (pamarentah), kitu oge situs bale pamujanna, rea keneh pisan nu can katalungtik boh ku ahli sajarah, oge ku ahli arkeolohi.  Hal ieu di hiji sisi, sok ngahesekeun pikeun ngajujut sajarahna ieu titinggal karuhun, tapi di sisi nu sanes, eta kabuyutan teh tiasa kapirosea kumargi ku masarakat di sabudeureunana sok dipupusti tur dikaramatkeun.
 
Aya benten anu nyata antawis kuncen "negri" jeung kuncen "swakarsa" dina hal pangaweruhna kana bale pamujan ieu.  Kuncen kabuyutan "negri", kumargi kantos diwurukan atawa ditatar perkawis budaya jeung kapurbakalaan, biasana tos uningaeun kana nu namina punden, batu menhir, batu dakon, oge arca menhir, jste.  Ari kuncen kabuyutan "swakarsa" mah lebeng we kana istilah nu siga kitu teh.  Anjeuna terangna nu bentuk siga bale pamujan teh nyaeta makam karuhun.  Karuhun nu ngagaduhan kasakten atawa elmu anu luhung.  Contona, bale pamujan di Pangguyangan Sukabumi kawentarna ku aran makam Ki Genter Bumi, nu ceuk cenah mah masih aya katurunan ti Sunan Gunung Jati (tingali oge http://www.kompas.com/kompas-cetak/0508/23/humaniora/1995622.htm ).  Sedengkeun bale pamujan nu aya di Pasir Karamat Bogor katelahna ku aran makam Eyang Raksa Bumi, kitu oge bale pamujan nu di Pasir Kaca kenging jujuluk makam embah Perenggong Jaya. jeung rea deui conto nu sanesna.
 
Disokong ku ayana tradisi carita lisan sacara turun-tumurun ngenaan kasakten, daya linuwih, elmu pangaweruh --kalebet oge elmu agamana-- karuhun di eta tempat, antukna bale pamujan atawa "makam-makam" ieu tetep dikaramatkeun dugi ka ayeuna.  Komo dina sasih mulud siga ayeuna mah, mani seueur nu jiarah ka bale pamujan teh.
 
Cag,
 
hendra


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke