--- In [email protected], "Agus Hermawan" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Inget tukang obat di alun-alun bandung baheula....
> 
>====================================================

Enya tah tukang jualan obat, inget keneh wae............
"jung nagtung gek diuk...bumi alam asa muter" ceuk si tukang obat teh.
Gep kana gegep, tina seuneu make gegep ningalikeun beusi panas, 
beureum.
"Tah bakating ku rieut, sirah panasna jiga kieu " ceuk si tukang obat. 
Bari diacung-acung. Dideukeutkeun kana leungeun jiga rek dirames eta 
beusi panas teh.
Beusi beureum diabuskeun deui kana seuneu. Mangga ngagaraleuh pel 
ajaib. 
Aya dua tilu urang mimiti ngajualan pel bodas, cenah mah pil ajaib 
jang rieut jangar.
Kusabab ngacung-ngacungkeun beusi panas bari dideukeutkeun kana 
leungeun. Terus eureun ku ngajualan pel ajaib tea. Nya sim kuring 
meuli, hayang nyaho boa tas ngajualan pel, eta beusi panas rek 
dikumahakeun.
Meh  satengah jam ngajentul, beusi panas teu kaluar deui tina seuneu.
Kalahka, si tukang obat ngadongengkeun anu nyeri cangkeng bari 
bobongkokan sagala. Ngabodor saeutik. Nya balik we sim kuring . Nepi 
ka rorompok, eta pel ajaib teh ditingalikeun ka pun biang.
" Euh anaking aya ku pinter. Cik tingali eta dina pel aya seseratan 
naon?"  saur pun biang.
"Eeemm....aspirin ..geuning"


Abah Joe
(Sepuh kapungkur mah tara pisan nyebat..bodo..kedul..,ka pala putrana 
teh. Padahal pun biang ngan nepi ka kelas 3 SD. Sakola baheula di SD 
diajarkeun Psikologi kitu ?)






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke