Sakolebat sajarah bank islam
 
Taun 1963 percobaan panghelana bank islam nu dikokolakeun ku Dr Ahmad Najjar persisna di kota leutik campernixx Mit Ghomer propinsi Dakahlia, Mesir. Dina taun nu sarua ge percobaan diayakeun di nagri Pakistan tapi umurna pondok. Bank "leuit satempat" nu dipimpin ku Dr Ahmad miboga sipat alakadarna nurutkeun kaparigelan waktu harita. Dina prakna bank nu munggaran ieu teu lepas tina dukungan pangagung- mentri negara ekonomi Mesir oge tantangan nyata nu ditembongkeun ku bank konvensional. Alatan situasi politik nu teu nguntungkeun bank islam ahirna bank ieu tumpur. Situasi politik ngadedetkeun urang islam nu cekel deleg kana islam, saperti diganjar pateni jsb.
 
Nanjeurna ieu bank salila opat taun najan can maksimal tapi geus mere gurat pangwangunan jeung narik pagawe nu lumayan. Saperti kacaturkeun bank "leuit satempat" miboga sawelas cabang jeung sayuta padamel. Ngan hanjakal bank ieu dipengkolkeun ku kaum sosialis nu mana mengpar tina ide pupuhu. Bank leuit ieu jadi make raksukan prangkat lemut nyaeta sistim riba sakumaha nu ilahar di bank puser mesir jeung bank kulawargi mesir.
 
Anapon usaha kadua taun 1963 oge nyaeta tarekah ngusahakeun bank konvensional dijadikeun bank islam, pimpinan ajeungan Ahmad Irsyad di Pakistan nu kenging sokongan waragad ti raja Faisal, raja Saudi nu tos tilar dunya.
 
Sabab-musabab gagalna ieu bank di mangsa harita lantaran kurang anteb atawa teu merhatikeun tehnik nu sasuai jeung jaman nu ngigel harita. Bari muterna jaman tuluy weh aya bank islam nu sipatna resmi jeung modern taun 1971, di mesir oge nyaeta bank nasr alijtimai mun disundakuen kurang leuwih kieu bank pitulung masarakat. Hal nu dianggap aheng dina ngawangun bank islam nyaeta diluuhan atawa disokong pamingpin nagara Mesir. Sangkan legal atuh bank islam ieu dipayungan ku unak-anik hukum nu unina kieu teu menang ngadegkeun bank nu aya ribaan boh mere atawa nendeun. Kulantaran aya payung hukum ieu bank-bank konvensional teu bisa nyaram atawa ngahahalang.
 
Ti meh harita ting pucunghul bank islam ti wewengkon islam. Taun 1975 bank dubai islam, taun 1976 bank faisal almisri. Sapuluh tahun ti taun 70-an bari dibarengan undang-undang nu ngalegalkeunnana-- tos ngadeg 50 bank/ leuit islam.
 
Ahirna sangges mangsa gejed nu dicirian ku heuretna pangarti, tehnik jeung sabotase.. sanggeus ngaliwatan eta antukna bank islam tumuwuh kalawan nyebar gedengeun aya rasa hudang kana kaislaman oge aya heuyeukan ti kaom administrator jeung politisi nu soleh-bageur.
 
** dicutat dina; la banque islamique a la recherche de la excellence.
Ku: Dr Abdrrahman Lahlou
Taun 1991, casablanca
Kaca 20 nepi 21.
Judulna kl kieu: sangkan bank islam nanjeur /parigel.
** teks jeung judul buku ieu ku basa Arab, ngan sababaraha lembar aya basa Perancis-an.
 
 


Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke