Assalamu alaikum wr wb
Baraya,
Dina danget ieu sim kuring seja sasadu, yen pancen ti Pupuhu Koperasi Amanah Sunda teh teu acan kagarap. Enya, ari sosialisasi mahgeus dilakukeun. Tah ieu responna:

1. Kana internet, anu ngarespon nyata kakara duaan. Janten tiluan mun jeung kuring mah. Duka kuringna kurang "meyakinkan", duka kudu aya demo siga Kang Agung basa tatahar ngurus ci-net na;
2. Ayeuna teh pan di Komplek kuring can aya telepon. Karek dijangjian bakal aya. Tah, sababarah warga, ngaalokasikeun artosna seu-eur kana telpon heula. Engke internet mah nyusul;
3. Ieu pang pentingna, wa bil khusus ka Kang Agung. Di Komplek kuring oge aya anu rek ngadegkeun tower intenet. Malahan harga bulanna ngan 125 rb tepi ka 175 rebu per bulan. Ngan memang limited access, alias akses terbatas. Kumaha tah?
4. Ku sabab ninggali kitu, sigana Kang Reza kudu geus taki-taki neangan deui "lahan" jang ngadegkeun tower tea.

Teras, kumaha masalah "perbenggolan" tea?

Wassalamu alaikum wr wb

tantan


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke