Bagea, Amang Suria (wiosnya, diaku 'emang'?!!). WIlujeng sumping & gabung sareng komunitas urang Sunda di Internet.
Nepangkeun oge, kuring sikandar, urang Garut, sami nuju di Jakarta. Damel mah di kompleks RSCM, nyiruruk di Manggarai. Dupi linggih Jakartana di palih mana ieu teh, Mang? Manawi gaduh kamar kosong, heuheu...

On 4/10/06, cohoness <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wilujeng sonten sadayana,
Nami abdi teh Suria,abdi teh wiwitna ti Bandung,pindah ka Jakarta taun
1968, taun ieu abdi teh 50 taun, teu karasa tos kolot tea. Abdi ayeuna
ngadamel jadi konsultan hukum di Jakarta tos 23 taun. Sawaktos di
Bandung abdi teh bumina di jalan Sukajadi, SR na di SD Giki di jalan
Karangsari. Abdi teh ngagabung maksadna teh hoyong ngalancarkeun basa
sunda nu sae, maklum tos lami teu komunikasi ngangge basa sunda tea da
dilingkungan teu aya nu ngagunakeun basa sunda, mung aya sakali sakali
kapendak urang sunda mun teu sering. Sakitu heula, Nuhun pisan.

--
sikandar
kumincir.blogspot.com
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke