minggu senen kamari  nganjang ka magelang, persisna ka mungkid, daerah
pasantran pabelan magelang.  satengah jam deui ti dinya nepi ka candi
borobudur. tapi teu diteruskeun da teu niat. ongkoh da ngan ukur nebeng.

di dinya pisan, bumi kang ajip teh. nu ngadesain teh biro konsultan
arsitektur Achmad Noe'man -ari nu ngadesainna Fauzan, putrana pa Noe'man. 
mode imah teh siga komplek. aya opat wangunan misah. nu panggedena
wangunan pikeun perpustakan. cenah mah aya 37rebu buku leuwih di dinya.
oge puluhan lukisan. aya wisma tamu, tilu kamer, si kuring sakamer jeung
kang rakhmat, bos pt kiblat buku utama, pamedal buku2 sunda- di eta wisma
tamu jeung tamu sejenna. dapur misah di hiji wangunan. ari bumina kang AR
mah misah deui,  eusina ngan ruang tengah jeung kamer tidur. dindingna
pinuh ku lukisan.

pas nepi, kang ajip ngabageakeun, "eh, gening aya menak." cenah. heuheu.
menak jinggo sugan mah. peutingna kang AR menta pangmenerkeun komputerna.
printerna teu daekeun nyitak tulisanana. sihoreng jek kabelna logor.
setrumna jadi teu lancar.

isukna, poe senen, milu jalan2 ka sawah. aya lahan rek dijieun balong. rek
ngingu lauk jeung hurang cenah. di sisi balong teh aya cinyusu di tengah
sawah. biasana cinyusu teh  sisi pasir. ieu mah di sawah, ciburial kitu.
jadi solokan aya huluna di dinya pisan

mj

http://geocities.com/mangjamal












Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke