Wa'alaikum salam,
Kang Wawan asa tos langkung ti sakali naroskeun hal anu sarupa. Jawaban-jawaban rerencangan ti payun teu dipalire kitu?. Bilih teu percanten kana Naskah Wangsakerta (NW), mangga ieu dicutat eusi atawa tarjamahan Prasasti Kabantenan ka 3 jeung ka-4 anu teges-teges nyebutkeun ngaran "Pajajaran" (hartina: "Pajajaran" teh aya), punten dina basa Indonesia:
"Semoga Selamat. Ini tanda peringatan Rahiyang Wastu Kancana, turun kepada Rahiyang Ningrat Kancana, lalu diamanatkan kepada Susuhunan sekarang di Pakuan Pajajaran. Menitipkan dayeuh Jayagiri dan dayeuh Sunda Sembawa. Semoga ada yang mengurusnya. Jangan memberatinya dengan "dasa", "calagara", "kapas-timbang" dan "pare dongdang". Maka diperintahkan kepada para petugas muara agar jangan memungut pajak (kepada penduduknya) karena mereka itulah yang berbakti dan mengabdikan dirinya kepada ajaran agama. Mereka teguh melaksanakan hukum-hukum dewa".
Pon kitu deui, kecap "Pajajaran" kapendak dina Prasasti Kabantenan anu ka 5, kieu tarjamahanana (dina basa Indonesia):
"Ini piagam (dari) yang pindah ke Pajajaran. Memberikan piagam kepada kabuyutan di Sunda Sembawa. Semoga ada yang mengurusnya. Jangan ada yang menghapuskan atau mengganggunya. Bila ada yang bersikeras menginjak daerah Sunda Sembawa aku perintahkan agar dibunuh karena tempat iru daerah kediaman para pendeta".
Catetan:
- Cutatan di luhur dipetik tina buku "Rintisan Penelusuran Masa Silam Sejarah Jawa Barat" (RPMSSJB), jilid ka -4 seratan Kang Saleh Danasasmita, saparakanca
- tanda curek dina "dasa" ..jst eta ti abdi
- Prasasti Kabantenan ayana di daerah Bekasi, sadayana aya 5 prasasti
- teu ditarjamehkeun kana basa Sunda sangkan praktis wae
Tah....bisi Kang Wawan teu percaya kana naskah samodel naskah "Carita Parahiyangan", "Naskah Wangsakerta", jsb, anu teges-teges nyebutkeun ngaran "Pajajaran" jeung silisilahna, ku prasasti mah moal bisa ngangles deui. Prasasti teh apan salah sahiji bukti material anu pangkuatna keur sajarah. Prasasti-prasasti anu sejenna, sapeti Prasasti Batutulis, memang teu nyebutkeun sacara khusus ngaran "Pajajaran", tapi satemenna eta oge ngarupakeun bukti ayana karajaan Pajajaran.
Kitu Kang Iwan, pamugi katerangan ieu teu matak mangmang deui kana ayana karajaan Pajajaran. Ngeunaan dimana patempatanana jeung kumaha hubungan Pajajaran jeung Galuh, ke kahareup urang pedar deui sugan pareng. Ayeuna mah mangga wae upama aya waktuna mah pariosan buku-buku anu ngandung pedaran bukti-bukti sajarah ayana karajaan Pajajaran, kayaning RPMSSJB, Carita Parahiyangan jeung nu sanesna.
baktos,
manAR
On 4/11/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alaikumsalaam,
Bilih karaos abot pami nyukcruk sajarah Sunda, mangga cobi pilari dina dadaran sajarah Jakarta, pasti nyabit2 ngeunaan Tome Pires, urang Portegis (awal abad ka-16 asana mah, jaman dipingpin keneh ku Sri Baduga Maharaja) nu kungsi sindang ka Sunda Kalapa. Tah, si Pires teh nuliskeun dina laporanana yen Sunda Kalapa teh salah sahiji palabuan Karajaan Sunda. Ceuk ahli mah, perenahna teh di wewengkon Bogor. Dina sababaraha laporan ekspedisi Walanda jaman awal2 ngajajah urang, cenah mah ruruntuk 'istana' Pakuan Pajajaran teh aya keneh, najan geus meh bae ancur, sabab geus ditinggalkeun salila kira 2 abad (tisaprak dirurug pasukan Banten tea).
Bisi katrangan ieu mah loba teuing salahna, sae pilari bae buku2 sajarah Sunda, sugan di Gramedia Matraman aya (pikeun nu di Jakarta). Atuh komo di Bandung mah, asal keyeng bae neangna, hehe...
jk
On 4/11/06, wawan sukmana < [EMAIL PROTECTED]> wrote:Assalamu'alaikumPunten ka sadayana, sim kuring sanes Sejarawan. Sim kuring masih panasaran kana Babad Pajajaran. Pajajaran jeung Prabu Siliwangi teh bener sajarah atawa Carita Rakyat sapertos Sangkuriang. Pajajaran teu aya bukti peninggalan sajarah, benten jeung Tarumanagara nu ninggalkeun seueur prasasti. Aya teu pajajaran teh nya ? Lamun aya dimana pusat kekuasaanna ? Naha antara Pajajaran jeung Galuh sok di samikeun ? padahal cenah mah ari Galuh mah di daerah Ciamis, ari pajajaran dimana ?
--
sikandar
su.wikipedia.org
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

