pan tos aya kamari, dongeng perang bubat kang hermawan aksan, eh enya kitu?

On 4/11/06, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Buku Gajah Mada anu di karang ku Langit Kresna HAriadi cekap ngawakilan sajarahna Gajah Mada.
Kuring kataji pisan komo janten terang leuwihna jentre kana carita Gajah Mada anu saleresna.
Nepi ka Jilid 2 na bade dihanca deui...duka nepi ka jilid sabahara?
Maca buku eta sanes jiga maca buku sajarah tapi siga maca buku roman & sajarah sanajan jarang romantis, perang sareng perang.
Kahebatan Gajah MAda anu kawentar mangsa mimiti janten prajurit Majapahit. Di bungkus kubahasana anu merenah.
Anu janten pertarosan nyaeta naha aya urang Sunda anu kersa ngaguat sareng "riset" teras nga-buku-keun carita
Karajaan Pajajaran, cokot salah sahiji tokoh anu nari Kean Santang atanapi saha....?
Nilik kana buku Gajah Mada eta, aduh tiasa heunteu urang Sunda nandingan ka si MAs Langit kanggo ngawakilan urang SUnda medar
Pajajran ku roman anu merenah sareng narik dian jaman kiwari...pokokna anu edun lah....?
Abdi ngajagokeun kana eta buku teu eleh ku Da Vinci Code, leres teu bohong!
Sing aya! penulis Sunda anu ngaguar Pajajaran siga roman Gajah Mada. 
 
 




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke