Upami teu lepat lokasina di Padabeunghar.
 
ika

Dedi Mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
aduh abdi kangeun pisan ka kuningan

iraha tah kebun raya kuningan teh enf di palim mana
ayana
maksadna wewengkon mana

dedi


--- ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya,
>   Ping 28-29 Maret 2006, kuring Kuningan kenging
> pancen ti kantor. Waktos pendak sareng Bupatina,
> Aang Suganda, ngobrol rupi-rupi, diantawisna
> perkawis rencana ngawujudkeun Kebon Raya Kuningan.
> Saleresna kuring parantos ngadangu rencana ieu ti
> Kang Oman taun kamari, mung teu terang tos dugi
> kamana tahapan kagiatanna. Gening parantos aya
> rintisan nu matak reueus. Master Plan parantos
> didamel ku LIPI sareng Kebon Raya Bogor, akses jalan
> tos dijanjikeun ku Dep. PU, bibit ti Dep Kehutanan.
>   Rencana legana 171 hektar di sisi Taman Nasional
> Gunung Ciremai. Aya keneh tanah milik masyarakat nu
> kedah dibebaskeun. Bupati ngingetkeun yen waragad
> Kebon Raya teh mun bisa mah yeu nyoceng APBD
> Kuningan, maklum PAD mung 32 milyar, ari urusan
> seueur pisan, APBD 300 milyar seueurna ti bantuan
> Pusat jeung sawareh Provinsi. Ku kituna kakirangan
> waragad rek meredih ka Pusat jeung provinsi, saurna.
>   Mung sakaterang kuring ti Pemprov asa can terang
> kana rencana eta, duka kuring pedah beda bidang.
> Jalaran waktos diskusi di Bapeda, ping 5 April, ti
> Dinas Kehutanan Jabar naroskeun, naha bet ngadamel
> Kebon Raya? Matak riweuh, kudu kitu kudu kieu,
> kuring olohok, naha babaturan ti Dishut teu acan
> terang yen rencana teh parantos ngawitan ditaratas?
>   Kuring mah reueus pisan ka Kabupaten Kuningan nu
> ageung pisan perhatosan kana masalah konservasi alam
> jeung lingkungan.
>   Waktos ping 29 Maret, ningal ka rencana lokasi
> Kebon Raya, jalan masih heureut, eta bade dilegaan
> tea ku Dep PU. mung cekap samobileun, nanjak, lebet
> ka leuweung jeung kebon campuran nu seueur dipelakan
> tangkal emping, eh tangkil. Sugan teh moal mendak
> jalmi, eh gening seueur rumaja nuju paduduaan di
> luhur teh, hehehe..... Oge mendak lembur caket
> lokasi, gening aya keneh urang Kuningan di sisi
> gunung.
>   Ieu mah sakadar oleh-oleh. Mangga nyanggakeun foto
> situ Darma, suku Ciremai, sareng gunung-gunung
> peuntaseun Ciremai.
>   
>   Baktos,
>   ika
>
>             IMG_1146
>           IMG_1156
>           IMG_1158
>
>
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2ยข/min or less.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke