Kahatur Kang 'Kumincir" oge Kang 'Kamalinaan',
Hapunten pisan upami posting "Para Kuncen....." nyentug kana manah. Teu pisan-pisan kuring hayang ngarempag aturan milis urangsunda atawa 'nangtang'. Ieu mah
dumasar kana tulisan Amin M (UGM) nu malih mengpar tina aturan urangsunda nyaeta  teu ngagunakeun basa Sunda tapi ku Kang Kuncen diantep (?).
Sakali deui neda dihapunten upamana kecap-kecap kuring tadi ngabalukarkeun raheut manah para kuncen.
 
Wasalam
Misan .

kamalinaan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

nya ari resep mah ngarempag aturan mangga teh teuing.

semu2 nangtang kitu euy. geus bisa naon kitu? bade nyoba? mangga
atuh...sok da haratis ieuh. bebas we da tos merdeka lin tibaheula ge.

pedah kuncen sok kapalingan ku postingan basa sejen, jadina teh
dianggap kaci. eta mah teu langkung, kumaha hate leutik saderek we.

postingan "Tawaran..." tadi, sakapanggih kuring, asalna reply ti Kris
Gessang nu oge di postingkeun ka KUSnet. ka kusnet mah ti asep kambali
asa teu kungsi aya.


kuncen #3

--- In [email protected], AA misan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Kang Kuncen,
>   
>   Kang Kuncen tangtosna oge kedah teges, 'firm' , dina nanjeurkeun
aturan atawa sarat nu kudu ditedunan ku sing saha bae nu hayang
ulubiung dina milis ieu, diantarana nyaeta kudu ngagunakeun basa
Sunda. Tah upamina ayeuna aya salah sahiji baraya urang nu hayang
ngagunakeun (ngamangpaatkeun) ieu milis tapi teu ngagunakeun basa
Sunda nu jadi sarat , kang kuncen bade kumaha ?  Upamana kang kuncen
cicing,hartosna teu ngayakeun tindakan, nya tangtuna oge kuring hayang
pisan ngagunakeun (ngamangpaatkeun) rohangan ieu ku basa sejen .
Meunang henteu ?
>   Diantos waleranana .
>   
>   Baktos
>   Misan .
>
>            
> ---------------------------------
> Blab-away for as little as 1¢/min. Make  PC-to-Phone Calls using
Yahoo! Messenger with Voice.
>






Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2¢/min with Yahoo! Messenger with Voice.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke