NGABUNGBANG?
Nembe babaraha dinten kamari wanoh kana kecap ngabungbang teh, pedah we aya rerencangan nu nyebat-nyebat ieu kecap. Saurna ari dina sasih mulud mah seueur jalma nu ngabungbang, sabari anjeuna oge teu uningaeun naon maksad jeung tujuan nu baris dihontal ku milampah ngabungbang ieu.
Ngaraos panasaran, saanjogna ka rorompok, kuring geuwat muka kamus (LBBS 92) --ieu kamus ge kenging nambut ti ki Coyan, bubuhan acan meser, pedah kantos ku Uwa Sas diwartosan yen kamus LBBS nu enggal baris medal teu lami deui, langkung munel tur kumplit.
Hartosna ngabungbang ceuk kamus teh kieu : nyaring sapeupeuting di
luareun wawangunan, biasana di tempat anu dianggap aya karamatna dina malem tanggal 14 mulud..... Beu singhoreng ngabungbang teh acara ritual taunan atuh ari kitu mah. Tapi naha dilakukeunana dina sasih mulud? Tanggal 14? Wengi-wengi deuih? Teras tempat karamat saha nu dijugjugna? Jeung rea deui patarosan nu aya dina uteuk teh.....
Enjingna kuring nepangan Mang Katma (50 taun), hiji jawara pasagi di tutugan gunung Salak, Ciapus. Kunaon atuh nu ditepangan teh Mang Katma? Ah ieu mah aya "feeling" we. Raraosan mah anjeuna bakal tiasa ngawaler naon eta ngabungbang teh.
"Biasana ngabungbang sok dikawitan ku puasa tujuh poe, terus pas malem tanggal 14 mulud kudu mandi di tujuh pangaduan dua walungan (muhara), dituluykeun jarah ka makam
guru-guru nu ageung jasana ka urang, dipungkas ku jikir jeung ngamalkeun sagala jampe pamake nu tos dialap", Mang Katma cumarita meni jentre. Anjeuna oge kantos ngalakonan ngabungbang tujuh taun noron ti taun 73 dugi ka taun 80 nalika masih guguru penca. "Lamun di Cimande, peutingan tanggal 14 teh, loba pisan jelema nu jarah ka makam Abah Khaer", Mang Katma nambihan.
Kaleresan di dinya oge aya Ki Dalang (36 taun). Numutkeun Ki Dalang mah ngabungbang teh ngadu'a jeung jikir sangkan pamaksadan tiasa dikabulkeun, dibarengan ku mandi di tujuh pancuran. "Ari mulud pan kalahiran Rosul, ari lahir teh nunjukeun kana suci, beresih. Ari du'a jeung jikir maksadna ngaberesihkeun rohani, jiwa. Sedengkeun mandi ngabeberesih fisik, jasad urang", Ki Dalang ngajelaskeun.
Sajongjonan mah kuring ngahuleng, mun kieu mah, ngabungbang teh tos jadi tradisi nu dilakonan unggal taun. Tapi saha nu ngamimitianana? Di wewengkon mana wae nu ngayakeun ritual kieu teh? Sapintas mah nu dilakukeun teh ritual islam, tapi raraosan aya oge pangaruh ti luar islam, pangaruh ti mana nya?
Saur Uwa Rahmat (63 taun), hiji menak kulon nu masih nyandang gelar tubagus, kapungkur nalika taun 1955 di wewengkon Panyaungan, nalika anjeuna masih di SR (sanes juragan keom ieu mah...), kantos aya acara ngabungbang teh, dipingpin ku kiai di dinya, jarah ka makam karuhun dina wengian tanggal 14 mulud. Tapi kadieunakeun tos teu aya, teu aya nu nuluykeun.
Di Cimahi, Bandung oge aya tradisi ngabungbang teh, malih mah meh sadayana warga
lembur ngiring abring-abringan jarah ka makam-makam di eta wewengkon sabari mandi di tujuh sumur, kitu ceuk Mamah Seli (40 taun) nu mangsa masih lelengohan mah tara absen di acara ngabungbang ieu.
Ari caritana Mang Engkus (51 taun), penyuluh pertanian nu asalna ti Ciamis, di Ciamis oge kapungkur mah tradisi kieu teh aya. Ngan di dieu mah nu ngiring teh barudak ngora alias wanoja jeung jajaka wungkul, sabari milarian jodo. Ari mandina ka sisi laut, bubuhan caket ka laut.
* * *
Saptu kamari katatamuan ku Kang Ray Bahtiar sarimbit saparakanca, anjeuna teh hiji fotografer profesional nu ngagaduhan Ray Bahtiar Studio, ayeuna nuju mancen tugas ti Dirjen Kabudayaan pikeun ngadokumentasikeun seni Ronggeng Gunung nu aya di Ciamis. Ieu teh hiji "pilot project", sangkan ka payunna di tiap kabupaten sa-Indonesia ngagaduhan dokumentasi kasenian utamina seni nu tos kritis, nu tos jarang dipintonkeun deui.
Sabari ngobrol, Kang muterkeun pilem ngenaan upacara ngalaksa di Ranca Kalong Sumedang. Pilem nu durasina 30 menit ieu, henteu wungkul nyaritakeun runtuyan acarana tapi oge nampilkeun filosofi tina ieu ritual. Panyajian pilemna nu apik tur sae, ditunjang ku jalan carita, naskah, ilustrasi musik, animasi, editing jeung isu sentral nu diangkat, nyaeta ngenaan taneuh (bumi), ngajadikeun ieu pilem
dokumenter teh kenging babaraha panghargaan ti luar negri. Saur Kang Ray, nyandak gambarna oge aya nu nganggo helicam, kamera nu dibawa ku helikopter. (Jiga iklan RCTI oke nu dipasawahan, nu ditengahna aya saung jeung jalmi nu keur calik tea...). Pikeun ngagarap naskahna Kang Ray ngaleng salah sahiji gegedug kusnet, nyaeta Kang Maman Gantra......(Kamana wae Kang MGT? kumaha damang?). Tetela ari kieu mah, ngadamel pilem dokumenter nu sae teh teu tiasa sagawayah geuning.
Kasawang ku kuring upami acara ngabungbang ieu didokumentasikeun. Tradisi nu dilakukeun ku meh sakuliah tatar sunda (duka di jawa, aya teu?), panginten hasilna bakal "seru". Kabayang aya bulan keur purnama, cahaya obor di pilemburan, iring-iringan nu bade jarah, makam karamat, jalan satapak, ritual mandi, sumur timba, muhara walungan, pancuran, oge laut.
Sagedengeun eta, acara ngabungbang ieu pakait pisan jeung ayana cai, boh tina sumur, pancuran, walungan, oge laut. Lumangsungna kocoran cai ti sumberna tangtos wae patali jeung leuweung oge gunung nu kedah salawasna weuteuh, nu ahirna tiasa jadi isu lingkungan nu sagemblengna. Jadi, tina acara beberesih diri nu aya di wilayah pribadi, tiasa masihan emutan ka masalah lingkungan anu sipatna global.
Tapi patarosan kuring di luhur teu acan sadayana ka waler, utamina pakait kana sajarah jeung nu mangaruhan ieu ritual. Matakna dina judulna oge nganggo (?). Tah kitu, ka baraya nu uninga langkung paos atawa kungsi ngalakonan ngabungbang, sok mangga diantos pedaranana atawa tambihanana.
Hapunten nu kasuhun,
Baktos,
hendra
Yahoo! Messenger with Voice. PC-to-Phone calls for ridiculously low rates.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

