Punten sakedik mairan : Kanggo kang Dudi (Deha) : Jigana kang ari disakralkeun, tug dugikeun dianggap suci dikaramatkeun + muja-muja basa sunda mah ulah, margi hal ieu tos caket kana syirik. Pami dihormatan, dimumule ku urang ku jalan basa sunda ieu dipake ku urang sapertos dina milis ieu supaya ulah dugikeun ka punahna, sim kuring panuju pisan.
Kanggo kang Amin : Ngawaler patarosan kang Amin, perkwais kunaon ayeuna seueur urang Sunda nu teu nganggo deui, terutami budak ngora, ceuk sim kuring mah diantawisna : 1. Hoream ngagunakeun basa sunda sapertos kang Amin nyalira anu hoream ngagunakeun basa sunda di ieu milis. 2. Basa "berkembang" saling mangaruhan sapertos anu diuningakeun ku kang Amin. 3. Interaksi sosial, seueur urang sunda nu ngumbara ka luar daerah kasundaan, atanapi sabalikna suku sejen nu asup ka daerah kasundaan; kitu deui ayana pamukiman anyar nu pangeusina campuran, heug bae di eta tempat teh basa sapopoena lain deui basa sunda, tapi basa Indonesia. 4. Pamakean basa di sakola, ayeuna asana teh leuwih loba ngagunakeun basa Indonesia, jeung di sababaraha sakola nu aya di tatar sunda, basa sunda geus teu diajarkeun deui. 5. Jrrd lamun ku urang dititenan mah. Baktos Jaka --- Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > cekeng, > Ari diluar milis mah teuing atuh, nya > aya meureun nu nganggap sakral aya oge nu henteu. > ari sakuringeun mah, basa > sunda teh sakral, suci jeung karamat. nya kuring asa > lain urang sunda lamun > henteu nganggap kana basana. > On 4/12/06, amin mudzakkir <[EMAIL PROTECTED]> > wrote: > > > > Kunaon urang kedah nganggo basa Sunda? > > Pertarosan eta kedang dikapayunkeun sateuacan > urang diskusi langkung > > panjang. Abdi dina email ieu nganggo basa Sunda > sanes sieun ku otoritas > > atanapi ku saha, atanapi sieun di kaluarkeun tina > ieu milis, tapi hoyong > > ninglikeun yen email abdi kamari nu ku basa > Indonesia sanes balaga atanapi > > kumaha, tapi mung saukuur soal pilihan pragmatis. > Tah di dieu pentingna > > urang kanggo ngemutan kana substansi basa. > > Hiji deui: basa teras berkembang, termasuk basa > Sunda. Tapi ayeuna seueur > > urang Sunda nu teu nganggo deui, terutami budak > ngora, kunaon? > > > > Hatur nuhun > > > > ------------------------------ > > > > > > -- > ~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~ > deha.wordpress.com > borondongjagong.blogspot.com > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

