Baraya...!!!
langkung ti payun sim abdi neda sihapunten kasadaya baraya anu aya di
lembur babakan , sim abdi teu gaduh maksad nanaon ku norojolna surelek
sim abdi ngenaan hal anu matak muringkak bulu punduk jeung nimbulkeun
amarah (punten subjectna moal disebatkeun).
eta surelek teh lebet kana koropak sim abdi nembe karoris tadi enjing,
barang maca judul jeung eusina ngan pudigdig bae hate jadi kalimpudan
ku amarah, nya langsung dibales tah didieu sim abdi teu taliti sugan
teh balesan sim abdi teu aya nu lumpat ka lembur babakan oge (rumasa
teu dibaca deui da keur ambek tea).
Sakali deui sim abdi neda sihapunten agung lumur jembar pangampura ti
sadayana kana kataledoran sim abdi tadi, hatur nuhun sateuacan.

cag...ah,

"kkbm'69"






Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke