asyik...
Nenny Nenden Nenong <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hatur nuhun pisan kana bobodoran nana..
tiasa nyelangan damelan anu lieur.. lieur teu aya damel heu heu..!!
--- In [email protected], Dade Thea <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ngagagambar Jurig
>
> Dihiji tempat angker tim "gerayangan" keur ngadeteksi arwah nu
ngageugeuh tempat eta. Tim nugaskeun saurang ahli supranatural nu
katelah mbah Rewok Genjlung anu pinter ngadeteksi mahluk halus kujalan
ngagambar bungkeuleukanana. Satengah jam tiharita kakara rengse,mbah
Rewok Genjlung langsung ditanya ku salasaurang tim.
>
> Tim : " Mahluk naon nu ngageugeuh tempat ieu teh mbah ?"
>
> Mbah Rewok : " Kuntilanak !"
>
> Tim : "Geuning gambarna aya dua rupa, naha kuntilanakna aya dua?"
> Mbah Rewok : "Lain aya dua, tapi eta eta keneh, ngan bedana dina
buukna !"
>
> Tim : "Enya we, nu eta mah kiriting ari nu ieu mah lurus,geuning
bisa kitu ?"
>
> Mbah Rewok : "Bisi teu nyaho mah anu kiriting digambar samemeh indit
kasalon, tah ari nu buukna lurus digambar balik ti salon tas di
rebonding cenah."
> Tim : [EMAIL PROTECTED]
>
> Sosonoan
>
> Opat poe katukang kang Panzi gura-giru kadokter cenah teu raraos body.
> Sabada dipariksa, dokter nyimpulkeun yen kang Panzi teh loba teuing
sosonoan jeung pamajikanana tur euweuh watesanana. Si dokter
nyarankeun leuwih alus mun nek sosonoan kudu make jadwal nu matuh,
saminggu cukup tilu kali
>
> "Kumaha dok carana ngarah bisa nginget jadwalna??" Tanya kang Panzi
>
> "Saena mah cirian we dinten naon wae anu awalanna tina huruf 'S'
contona Senen, Salasa jeung Saptu," jawab dokter.
>
> Nincak poe kaopat kang Panzi teu kuat nahan, kapaksa ngalanggar
saran dokter terus ngahudangkeun garwana nu keur sare,kulisik
pamajikanana hudang bari satengah lulungu pok pamajikanana nanya
>
> "Malem naon ieu teh kang?"
>
> " Malem SUM'AT.Sssttt!!" tembal kang Panzi bari nyenghel
>
> Balikeun
>
> "Pang malikeun MAGRIB"
> "BIRGAM"
> "Salah!"
> "Subuh"
> "Salah!"
> "GAMBIR"
> "Naha Gambir???"
> "MAG, balikeun sok!"
> "GAM"
> "ayeuna RIB"
> "BIR"
> "Jadi?"
> "GAMBIR, heueuh nya...!"
>
> Hujan
>
> "Hujaan! hujaan!...jaitan popoean...!" Kang Opix ngagorowok ka kang
Syam Ridwan ku keur uplek maen gapleh jeung balad2na, si Barud, si
Jalak, si Sir, Si Rah. Si barud, si jalak, Si Sir, Si Rah, gura-giru
kaluar imah, rek nyaitan popoean.
>
> "Kade poho, kenteng oge jait, bisi kahujanan.." ceuk kang Syam
> hariweusweus.
>
> Cag Ah....
>
>
> ---------------------------------
> Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using
Yahoo! Messenger with Voice.
>
Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

