--- amin mudzakkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Maksad 'transformasi' nyaeta nyangkut kana kasadaran kritis, yen 
bahasa  mangrupikeun produk budaya nu terus-terusan direproduksi dina 
konteks  ruang sareung waktos tertentu. Ieu memang katingalna terlalu 
teoritis,  tapi paling heunteu ti sisi ieu urang tiasa miara tur 
ngembangkeun basa  sunda. Abdi tangtos salut ka para wargi nu tos 
damel ti kapungkur  kanggo miara tur ngembangkeun basa sunda. Abdi 
berharap dina sanes  waktos tiasa diajar ti aranjeuna.
-----
Teu mekarna basa Sunda teh sigana, mun rek neangan nu perlu 
disalahkeun, nya salah urang Sunda sorangan, keur ah eukeur kaayaan 
anu rada teu ngadukung. Maksud kuring, teu mekarna basa Sunda 
(kabeungharan kecap, ambahan) teh alatan basa Sunda tara atawa  malah 
teu kungsi dihirupkeun kalawaan bener2 dina kahirupan urang. Ngobrol 
make basa Sunda teh lolobana mah diwates ukur mun ngobrolkeun 
nu 'biasa', da ari pas ngambah nu rada canggih & mutahir mah, sok 
leos kana basa Indonesia. Jaba deuih, ayana lembaga samodel Lembaga 
Basa & Sastra Sunda (LBSS) nu sakuduna aya di hareup salaku pangaping 
atawa nu sarupa kitu teh bet geuning teu pati katingal ketakna. Jadi, 
lian ti perluna pangrojong ti pihak formal, nya tangtu nu boga 
tanggung jawab teh urang salaku urang Sunda, nu kawarisan ieu basa. 
Naon atuh basana, nya? Nya pokona mah ngaoptimalkeun dipakena basa 
Sunda.
-----   
>   Nu kapendak ku abdi, aya semacam 'involusi' basa sunda. Contona,  
undak-usuk basa malah janteun panghalang urang sunda pami bade  
ngabudalkeun pikiran sareung ekspresi diri. Padahal undak-usuk mung  
sakadar 'mekanisme kekuasaan' kanggo ngajaga hierarki sosial sareung  
kultural dina masyarakat sunda. Tah, dina konteks 
ieu, 'transformasi'  tiasa ditarjamahkeun sebagai proyek kultural 
kanggo nyadarkeun urang  sunda yen undak-usuk basa sanes hal nu teu 
tiasa dirobah. Pami urang  sunda gaduh pandangan yen undak-usuk basa 
malah jadi panghalang  perkembangan basa sunda, asa teu aya lepatna 
pami undak-usuk eta  diancurkeun heula. Atawa pami dina basa kaum 
post-modernis mah,  di-dekonstruksi heula. Kumaha tah pami kitu?
-----
Sapuk, Kang Amin. Malah mah pan jejer undak-usuk teh geus dibahas 
dina kongres basa Sunda sababaraha taun ka tukang, geus 
direkomendasikeun sangkan diheureutan atawa dileyurkeun sahingga jadi 
basa merenah, netral. Jadi, memang saleresna tos dirobih.
-----
>   Saleuresna, 'transformasi' basa sunda tiasa ditarjamahkeun secara 
luas, tergantung dina konteks naon urang mahamina. 
-----
Tah, numutkeun Kang Amin, transformasi dina bentuk kumaha? Manawi aya 
pamendak.

jk





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke