|
Leres eta the kang!!! Da anu sakaterang simkuring basa sunda nu asli mah teu ngangge undak-unduk basa(punten lamun lepat), Ku kituna dina ieu milist teu kedah make sunda priangan atanapi naon bae anu penting urang ngangge basa sunda, eta cenah aya anu lebet kana budaya/basa sunda ari sae mah teu nanaon panginten? Leres teu? Anu teu kenging the urang heunteu ngagunakeun basa sunda kumargi sanes nu kapungkur anu di agem ku karuhun urang ieu mah tos kapangaruhan ku kolonial atanapi tos kaserepan ku bahasa malayu atuh tumpur engke basa sunda the. Kukituna sawios salah hayu urang angge, sawios butut asal di baju ti batan bulucun kawas nugelo atawa kawas artis dina majalah playboy (ari artis nu di foto bulucun naon bentena sareng nugelo? Cobi emutan?)
Naha bet los los ka dinya ngacapruk the............... Hapunten para wargi Bade tumaros anu bulucun dina majalah "parno" sareng nugelo naon bentena? Waleranana artis kenging artos ageung, nu gelo heunteu malah pada maledogan(ulah atuh karunya) Tumaros deui naon bentena sareng nu meserna eta majalah "parno"? Waleranana aduh isin kacida kunu maha suci Panginten urang teh naon bentena sareng nugelo!!!!!! Panginten ieu mah panginten
Hapunten ahhh (ieu kanggo ngemutan simkuring sorangan)
-----Original Message-----
Maksad
basa sunda 'ciptaan' kolonial nyaeta: wacana nu ngalingkupi waktos basa sunda
cobi di tata ulang sareng 'diresmikan' dina akhir abad ka-19 dugi ka awal abad
ka-20 nyaeta wacana 'kolonial'. Ieu nyangkut wacana orientalisme nu tos dipedar
jentre pisan ku Edward Said, nu ayeuna diteorisasikeun janteun teori
poskolonial. Yen wacana pengetahuan nu ngalingkupi pengertian tentang identitas
diri bangsa-bangsa timur, termasuk bangsa sunda, ngarupikeun 'representasi'
kuasa kolonial. Talk
is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great
rates starting at 1¢/min.
YAHOO! GROUPS LINKS
|

