Bagea Teh Saras,

Ieu kuring aya jampe, sugan matih, supaya Teh Saras
teu minder jeung sebel, pedah jadi wanoja Sunda. 

Jampe ka-1
Ari jadi urang Sunda, Jawa, Bali, Madura, atawa bangsa
naon wae, sanes kenging mesen ti pabrik. Estu tos ti
ajalina. Jadi teu aya alesan kumaha wae oge, pikeun
minder jadi hiji seler. 

Jampe ka-2
Ari kalakuan jelema, boh hade boh goreng lain milik
hiji bangsa. Teu aya hiji bangsa nu ditakdirkeun jadi
bangsa pang punjulna. Kitu deui, teu aya hiji bangsa
nu dilahirkeun pang nurus tunjungna. Di tiap bangsa
oge, aya nu jahat, aya nu hade. 

Jampe ka-3
Kulantaran alesan jampe ka hiji sareng kadua. Upama
aya jalma campelak alias nurus tunjung, nuduh yen
mojang Sunda gampangan, tong di engkekeun deui, tunjuk
cukang irungna, carekan sing laklak dasar, ngarah
kapokeun. Menta bukti, naon alesan manehna nepi ka
boga pamadegan jiga kitu.

Insya Allah, upama eta tilu jampe diamalkeun, ku tiap
mojang Sunda. Moal aya deui nu wani campelak.

MH

--- saras wati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  Ya, ampun hatur nuhun sadayana. duh nostalgia pisan
> tapi naha atuh geuning seueur email anu teu
> pararuguh, ah tong dinodaan. tapi abdi bade share
> sakedik tentang tanggapan orang luar ka orang sunda,
> soalna pan abdi lingkungana seueurna sanes urang
> sunda jadi nya sok aya wae opini nu marak getek teh.
> Kunaon nya lamun kaum jajaka teh lamun nguping aya
> mojang sunda teh tos marolotot matana teh trus nya
> aya opini ieu mah mun mojang sunda teh gampangan,
> morotan, jeung sajabana jadi abdi teh sok ngarasa
> minder malah ngarasa sebel mawa identitas sunda teh,
> asa risih soalna nu ninggali abdi teh socana teh asa
> kumaha, siga nu bade neleg mangsa. Kumaha
> nyah............... supados citra mojang sunda teh
> heunteu berorientasi kana hal ngeres atawa -.


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke