Haturan kang Kumi.......
Sumuhun anu langkung terang kang Eko, perkawis Website disundakeun ramatloka, mung ieu mah dibujeng enggalna wae margi hoyong terang enggal-engal ke upami sang kepala naroskeun si teteh siap ngawaler, jiga anu leres terang perkawis IT, padahal mah internetan teh mung ukur posting, chating teras berselancar tea. KU babaturan mah dianggap sagala bisa..he he, tapi kapalang basah....rek dituluykeun wae pura-pura bisa mun teu kitu moal disaluyuan.
Kamari mah ngurihit deui menta ganti akses, tina 900 Mb ka Unlimited nganggo Speedy mayar lumayan awis 3, 8 juta sasasih. Tapi geuning disaluyuan wae.
Tah sakantenan hoyong ngadamel ramatloka, eta oge disaluyuan kantun realisasi. Si teteh teu bingung masalah IT mah biasa wae losna mah nyuhunkeun bantosan ka baraya kusnet.
Tuh geuning tos duaan anu mantuan si
teteh tadi sareng kang Hasan chating perkawis Ramatloka. Kang Kumi neraskeun, Hatur nuhun nya kang..!
Ke urang bukaan web hosting pasundan.net
ipeut
(nuju ngupingkeun radio sunda online kang Rudi Abudhabi )
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alaikumsalaam...
Teh Tien, najan sabenerna kuring mah teu kompeten dina masalah damel-mendamel ramatloka/website, hatur lumayan aya iber sakedik (bari iklan, ngiklankeun batur, heuheu...)
Upami urang hoyong gaduh ramatloka (kanggo lembaga mah tangtosna langkung sae bentukna formal, sapertos anu dicontokeun ku Teh Tien di handap), aya sababaraha cara. Cara anu paling gampil mah masrahkeun ka batur, kawas kasus heboh proyek 'pengadaan' ramatloka pamarentahan daerah/lembaga pamarentah, nu danana tiasa dugi ka milieuran. Heuheu...
Kanggo conto mah, teu kedah tebih2, pan kusnet ge gaduh ramatloka resmi, www.urang-sunda.or.id tea. Ngan, kumargi ngokolakeunana ngandelkeun sukarelawan, beaya nu diperyogikeun resmina mah teu ageung teuing, 1-2 jutaan per taun (panginten, nya Kang Eko?). Kanggo langkung jentrena mah, ke sugan Kang Eko tiasa maparin bongbolongan kumaha2na. Atanapi, bilih bade sakantenan, tiasa nyobian naroskeun ka www.pasundan.net (misalna) nu nyayogikeun layanan webhosting.
jk
4/15/06, indung peuting < [EMAIL PROTECTED]> wrote:Assalamu'alaikum....Haturan baraya, nuhunkeun pitulung manawi aya anu terang kumahanya carana ngadamel web site nyalira kanggo sakola..? sapertos kieu http://smpbudisejati.net atanapi www.smpbudisejati.co.id. Atanapi kumaha tah saena upami kanggo sakola..? Anu dipikahoyong ngadamel alamat email tina web site eta.Saurna kedah mayar, kamananya mayarna...? sabaraha tah mayarna..?punten wae si teteh awam pisan kana widang IT teh. Sanajan sagala awam, hoyong majengkeun sakola teh tina widang ITna, meungpeun disaluyuan ku kapala.
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

