Assalaamu'alaikum.

Baraya, kuring menta hampura samemehna, bisi minggu-minggu ieu asa dicerewedan ku kuring salaku kuncen. Sabenerna mah, perkara kieu teh geus teu perlu dibejaan deui, da asana teh urang geus pada2 ngarti kana netiket, boh nu umum atawa nu dilarapkeun husus di ieu milis. Ngan, ari rek dibebaskeun teh (tanpa moderasi), nyeta, najan geus pada ngarti ge, sok aya wae gogodana. Jaba dauih, kusabab ti baheula anggota milis ieu mah, disagigireun aralewoh & palinter teh, oge katelah baredegong, mangka kuring ngarasa perlu negeskeun sababaraha hal nu sawadina katalingakeun ku kadang anggota milis. Nu dimaksud teh, di antarana
  • Mun males surelek, ulah maen 'jekok'! Memeh mencet 'send' atawa 'kirim' teh heug baca deui, bisi aya salah ketik atawa kumaha. Jeung, pangpangna mah, naon rupa anu geus teu perlu dimuat/dicutat deui, mendingg dihapus bae.
  • Mun manggih postingan nu araheng, boh alatan nu kavirusan atawa aya nu ngahaja nyebarkeun pitenah, pokona mah eusina teu puguh, hadena langsung dihapus bae, da teu guna dipairan ge. Jeung, patali jeung netiket, mun keukeuh rek dibales, eusina diedit heula. Nu 'rarujit'na mah hapus atuh, nya!
  • Patali jeung masalah 'japri masal', geus sababaraha kali kajadian, peta kitu teh kurang-kurangna mah kadang ngaganggu ka nu kakiriman. Leuheung ari ukur kaganggu alatan koropakna jadi pinuh mah, kumaha mun nepi ka si alamat diancam ku pausahaanana, misalna, alatan dianggap nyalahgunakeun pasilitas surelek kantor. Jadi, hadena, mun rek jajaprian masal model kitu, pilih jalma2 nu memang boga luang & geus dalit jeung urang, nu kira2na moal kaganggu ku kiriman urang, najan sabenerna tujuan urang hade. Jaba deuih, ceuk cenah, jajaprian masal kitu teh bakal ngondang 'spamming'. Mun rek keukeuh jajaprian, mending ngirimna via 'bcc', ulah 'cc', ngarah komunikasi tetep individual, teu abring2an. Ngarah teu kaciri teuing.

--
sikandar
www.urang-sunda.or.id
su.wikipedia.org


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke