Punten bah Willy, sim kuring oge kuciwa ku ayana anarkis. Tapi leuwih kuciwa ku mantagulna jalma nu geus diingetkeun samemehna ulah ngalakukeun hiji hal nu dianggap bakal ngalanggar aturan agama atawa moral jalma tapi masih tetep ngalakukeun. Mimitina mungkin masih dianggap aya dina wates-wates norma nu aya, tapi saha terang isuk jaganing geto. Duka nu sae teh nu mana, nyegah samemeh kajadian/gering atawa ngubaran sanggeus parna. Jigana hirup jaman reformasi ayeuna jalma teh leuwih suka anarkis atawa teu bisa dicaram lamun lain ku jalan anarkis nyaramna. Jadi bingung kuring mah bah.
Baktos Jaka --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]> > To: "barayasunda" <[email protected]>; > "urangsunda" > <[email protected]>; "kisunda" > <[email protected]> > Subject: [Urang Sunda] Playboy deui wae > > > > Baraya, > > Ieu aya artikel ti milis sabeulah, pamanggih Ketua > PWI > > ngeunaan majalah Playboy. Sugan aya manfaatna. > > > > MH > > Kang MH, beda deui ceuk pupuhu AJI (Asosiasi > Jurnalis Indonesia), nu hanjelu > ku cara-cara anarkismeu dina teu kasatujuan kana > Playboy Indonesia. Tapi > sanajan kitu pupuhu AJI nyebutkeun yen soal Playboy > soal urusan nu > ngamedalkeun Playboy jeung masyarakat. Maksudna > meureun masyarakat nu > mutuskeun resep henteu kana Playboy. ( Tapi faktana > aya sabagian nu > resepeun, buktina 100,000 eksemplar ampir > seep........., matak sirik media > nu sanesna). > > Sarua kuring oge "kuciwa". Tapi kakuciwaan kuring > lain soal Playboy, soal > bangsa urang beuki dieu teh beuki anarkis. Di Papua, > pulisi "dipekprek" ku > batu kunu demo tepi ka perlayana. di Bandung, taksi > nu pelayanan alus > "dielehkeun" ku taksi nu heubeul nu geus kakoncara > ramijudna dina ngalayanan > konsumen, kulantaran demo nu ngadeukeutan anarkis, > taksi nu dianggap musuhna > dirusak sababarha hiji. Ayeuna Playboy, nu > pamarentah jeung pulisi sorangan, > bingung kudu kumaha, sabab Playboy Indonesia teu > ngalanggar hukum di > Indonesia. Anarkis deui wae. Peuting tadi stasiun TV > RCTI, oge "ngagugat" > pamarentah, ku nayangkeun pasal pasal KUHP (pasal > 171 & pasal 172) yeng > ngarusak barang batur teh bisa dipidana maksimal 5 > tepi ka 7 taun. Anehna > pamarentah (pulisi & kajaksaaan) cicing wae. Ceuk > RCTI, ironi cenah, nu > "sweeping" majalah nu dianggap porno (ceuk pikiran > nu sweeping) dikawal ku > pulisi, dina sweeping majalah di emper-emper toko. > Padahal majalah-majalah > eta (kaasup Playboy) acan kungsi divonis ku > Pangadilan yen eta teh media > "porno". Janten Kang, aya dimana "hukum" di nagara > urang? > > Baktos, > WALUYA > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

