Sim kuring panuju pisan sareng bah Willy, margi undak usuk basa ceuk kuring mah saluyu jeung ajaran agama Islam (sanajan kuring can bisa sacara utuh ngalaksanakeun undak usuk basa). Sim kuring boga kayakinan Gusti Alloh mah maha welas asih + maha uninga ka sadaya mahlukna, kukituna tangtos, sagalarupina Alloh mah bakal nyaluyukeun kana kamampuan + pangaweruh mahlukna.
Baktos Jaka --- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari kuring mah satuju wae undak-unduk basa rek > dileungitkeun atawa rek > diancur-leburkeun ge. Ngan Kang Amien, tapi ketang > ieu mah sakuringeun, > teuing atuh angger we ceuli teh asa "rungseb" lamun > aya jalma nyarita heug > basa sundana kurang merenah komo kasar mah. Sanajan > ari akal mah ngagerentes > ieu teh jaman demokratis, egaliter tapi da nyaeta > hate mah teu bisa > dibobodo, angger we ngarasa teu merenah.Ceuk Pa > Adang S mah (Pangarang Basa > Sunda), basa Sunda teh basa rasa ..........jadi > nyaeta hate oge ngilu miluan > lain wae akal. > > Di millis ieu, kuring nyebut "kuring", lain "abdi", > da nyaeta cenah ari > "abdi" mah tadina tina kecap mamandapan, nu > nga"abdi"keun teh hartina, > manehna ngarasa aya dina hiarki sahandapeun nu > diajak nyarita. Beda jeung > "kuring", "kuring" mah basa loma, satingkat antara > nu nyarita jeung nu > diajak nyarita. Kuring maca dina tulisan Kang Amin > oge, masih ngagunakeun > kecap "abdi", henteu kecap "kuring" atawa kecap > "Uing". Tulisan kang Amin > oge, lamun dititenan, loba make undak-unduk basa, eh > ......... maksud teh > basa lemes. Ieu nunjukkeun sanajan Kang Amin boga > "gagasan" ngaleungitkeun > undak-unduk basa, tapi Kang Amin oge angger teu bisa > kitu wae leupas tina > basa lemes. Naon hartina tah Kang Amin? > ..............Geuningan Kang Amin > teh urang sunda sajati, sarua jeung kuring atawa > baraya nu sejenna. > > Basa, Kang Amin, jigana mah teu bisa dirobah ku cara > "revolusi", tapi > lalaunan saluyu jeung tumuwuhna jaman. Ceuk kuring > mah nu penting ayeuna mah > gunakeun basa Sunda ......engke oge, hiji waktu, > lamun jaman memang nuntut, > basa bakal nuturkeun. > > Cag sakitu, menta dihampura, pedah kuring nulis > postingan ieu make basa > loma. > > Baktos, > > WALUYA > > > ----- Original Message ----- > From: amin mudzakkir > To: [email protected] > Sent: Friday, April 14, 2006 3:38 PM > Subject: [Urang Sunda] transformasi: sakali deui! > > > Maksad 'transformasi' nyaeta nyangkut kana kasadaran > kritis, yen bahasa > mangrupikeun produk budaya nu terus-terusan > direproduksi dina konteks ruang > sareung waktos tertentu. Ieu memang katingalna > terlalu teoritis, tapi paling > heunteu ti sisi ieu urang tiasa miara tur > ngembangkeun basa sunda. Abdi > tangtos salut ka para wargi nu tos damel ti > kapungkur kanggo miara tur > ngembangkeun basa sunda. Abdi berharap dina sanes > waktos tiasa diajar ti > aranjeuna. > > > > > Komunitas Urang Sunda --> > http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > [EMAIL PROTECTED] > > > > > > __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

