Bah Willy,
Sapuk sim kuring oge, perkawis cara-cara anarkis mah
teu satuju. Duka kunaon, upama nitenan warta media di
urang, asana teh saban waktu demo jeung demo wae.
Kuanon pikeun ngungkulan hiji masalah, jiga teu nempo
deui jalur hukum nu aya. Hal ieu, jadi tanda tanya.
Boa-boa jalur hukum nu aya geus macet. 

Ngan wae perkara sikap anarkisme sabagian masyarakat,
jigana wae aya kasang tukangna. Cing ka palawargi,
manawi aya nu terang, naon kira-kira kasang tukangna,
nepikeun ka sabagaian dulur urang dina ngungkulan hiji
masalah, leuwih milir jalur sewang-sewangan tibatan
milir jalur hukum nu aya. Naha fungsi dewan, salaku
wakil teu bisa ngawakilan aspirasi masayarakatna,
atanapi kumaha? Naha parkatek fungsi panegak hukum nu
aya, teu tiasa ngaakomodasi rasa kaadilan
masayarakatna? Atawa seueur deui faktor-faktor
sejenna, nu ngakibatkeun sabagian masyarakat geus teu
percaya deui kana praktek panegakan hukum nu aya?

Salian ti eta, ieu mah perkara ngalarapkeun cap
"anarkisme". Nu katinggal ku kuring, salila ieu,
istilah "anarkisme" sok dilarapkeun kana tindakan
sabagen masayarakat nu hayang nepikeun aspirasina,
kalayan teu make cara-cara jalur hukum nu aya. Jiga
ngaliwatan demo bari ngaruksa harta banda nu sipatna
material. 

Tah ayeuna kumaha upama kaayaanana jiga kieu. Aya
sabagian masayarakat nu boga modal kuat (kapitalis),
keukeuh hayang maksakeun kahayangna dina lingkungan
masyarakat nu diduga kuat moal nyaluyuan kana kahayang
sang kapitalis. Terus pikeun ngahontal kahayangna tea,
si pemodal migunakeun pangaruh kakuatan ekonomina. Tah
ari nu jiga kieu, kaasup "anarkisme" heunteu nya?

Salam,
MH

--- Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> From: "mh" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: "barayasunda" <[email protected]>;
> "urangsunda" 
> <[email protected]>; "kisunda"
> <[email protected]>
> Subject: [Urang Sunda] Playboy deui wae
> 
> 
> > Baraya,
> > Ieu aya artikel ti milis sabeulah, pamanggih Ketua
> PWI
> > ngeunaan majalah Playboy. Sugan aya manfaatna.
> >
> > MH
> 
> Kang MH, beda deui ceuk pupuhu AJI (Asosiasi
> Jurnalis Indonesia), nu hanjelu 
> ku cara-cara anarkismeu dina teu kasatujuan kana
> Playboy Indonesia. Tapi 
> sanajan kitu pupuhu AJI nyebutkeun yen soal Playboy
> soal urusan nu 
> ngamedalkeun Playboy jeung masyarakat. Maksudna
> meureun masyarakat nu 
> mutuskeun resep henteu kana Playboy. ( Tapi faktana
> aya sabagian nu 
> resepeun, buktina 100,000 eksemplar ampir
> seep........., matak sirik media 
> nu sanesna).
> 
> Sarua kuring oge "kuciwa". Tapi kakuciwaan kuring
> lain soal Playboy, soal 
> bangsa urang beuki dieu teh beuki anarkis. Di Papua,
> pulisi "dipekprek" ku 
> batu  kunu demo tepi ka perlayana. di Bandung, taksi
> nu pelayanan alus 
> "dielehkeun" ku taksi nu heubeul nu geus kakoncara
> ramijudna dina ngalayanan 
> konsumen, kulantaran demo nu ngadeukeutan anarkis,
> taksi nu dianggap musuhna 
> dirusak sababarha hiji. Ayeuna Playboy, nu
> pamarentah jeung pulisi sorangan, 
> bingung kudu kumaha, sabab Playboy Indonesia teu
> ngalanggar hukum di 
> Indonesia. Anarkis deui wae. Peuting tadi stasiun TV
> RCTI, oge "ngagugat" 
> pamarentah, ku nayangkeun pasal pasal KUHP (pasal
> 171 & pasal 172) yeng 
> ngarusak barang batur teh bisa dipidana maksimal 5
> tepi ka 7 taun. Anehna 
> pamarentah (pulisi & kajaksaaan) cicing wae. Ceuk
> RCTI, ironi cenah, nu 
> "sweeping" majalah nu dianggap porno (ceuk pikiran
> nu sweeping) dikawal ku 
> pulisi, dina sweeping majalah di emper-emper toko.
> Padahal majalah-majalah 
> eta (kaasup Playboy) acan kungsi divonis ku
> Pangadilan yen eta teh media 
> "porno". Janten Kang, aya dimana "hukum" di nagara
> urang?
> 
> Baktos,
> WALUYA


=====
Situs: http://www.urang-sunda.or.id/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke