Pa Rud..eh Kang Rud.. make ngaran Adi wungkul ge asa karagok da. coba we mun uing nyebut "Kang Adi", Akang ongkoh, Adi ongkoh. teuing mun ngarana Adi Bing Slamet mah.
Ka MH oge asana mah loba nu nyebut "Kang MH", padahal panjangna MH teh "Mang Hasan", jadi mun aya nu nyebut Kang MH teh, jadina Akang ongkoh, Mang ongkoh. heu..heu... -dul- tukang teuing --- In [email protected], Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > ************************************************ > (hihihihi... hehehheh...... walahhhh Mang!!! bener sigana mah kitu. Da pas > ditempoan deui dina susu...ratan basa sunda teh, geuning nu ngarana "pun" > teh, ditempatkeunna teu sajajar. Tapi hartina mah satubuh pisan!! eh!! > satuju pisan samodel harti nu nomer hiji tea.... jadi sigana kieu nu benerna > mah :.... ) > > Haturan.. > > Hatur timpah nuhun kanggo pangemutna, katampi kuhasta kalih kasuhunna > kalingga murda. > > pun... > > -Adi- > ************************************************ > > On 4/15/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Baraya, > > Aya sababaraha harti kecap "pun" teh. > > > > 1. hampura > > Jiga dina pangrajah juru pantun, "Pun sapun ka Sang > > Rumuhun". Hartina menta pangampura ka para karuhun. > > > > 2. kecap gaganti nu bogana > > Jiga dina prasa "pun adi", "pun biang". Lebah dieu > > "pun" hartina "nu kuring". "Pun Adi", hartina "Adi > > kuring", "pun biang" maksudna "indung kuring. Upama > > dina basa urang kulon mah sarua jeung "my", "my > > brother", "my mother". > > > > Aya pasangan "pun" teh, nyaeta "tuang". Hartina "nu > > anjeung". Jiga "tuang rai", hartina lain "ngadahar adi > > sorangan", tapi "adi anjeun" atawa sok dihartikeun oge > > "pamajikan anjeun". "Tuang rama", maksudna "baba > > anjeun". Mun ceuk urang kulon mah, sarua jeung "your", > > "your brother", "your mother'. > > > > Asana ti heula geus didongengkeun ka Si Adi perkara > > ieu teh. Ngan si etana we bedegong, hayoh ngarang > > sorangan. Hehehe. > > > > MH > > > > ---xxx > > > -- > ******************************************* > "...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena > kretarasa..." > ----------------------------------------------------- > http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/ > http://www.urang-sunda.or.id/ > http://www.sundanet.com/ > http://su.wikipedia.org/ > http://pituin.multiply.com/ > ******************************************* > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

