|
Surat ti nini anu keur ngumbara di
LA.
Dear aki,
To the point we nya ki,swer nini teh sono
pisan ka siaki,naha aki ge sarua kitu sono ka sinini? Ah boa boa siaki mah ngan
ukur sono ka moneygram wungkul anu ku sinini sok dikirim unggal bulan. Kade
ah aki, ulah ngagul ngagulkeun nini pedah nini ngumbara di LA, enya pan di LA
teh ngan saukur jadi TKW eh TKN ketah Tenaga Kerja Nini nini.
Tah nu matak nyuratan teh kahiji nya bakat kusono
tea atuh kaduana nek mere beja yen nini teh nek oprasi face off, sugan we
atuh beungeut nini anu geus karijut teh bisa nareuhneur deui. Tah kira
kirana mun seug jadi, hayang kawas beungeut saha? naha hayang kawas
artis hollywood atawa kawas beungeut bella saphira anu pipina aya liang undur
unduran ? Ari ceuk nini mah kitu ge mun diidinan ku siaki kahayang mah sabeulah
mirip cindy crawford atuh sabeulah deui mirip tamara blezinky,
meh katingalina indo gitu loh.
Mun oprasi face off sinini hasil, sinini jangji
nek buru buru balik kalembur, tah samemeh nepi ka imah nek nyimpang heula ka
redaksi majalah playboy, sugan jeung sugan beungeut anyar sinini bisa mejeng
dimajalah eta edisi kaduana. Ngan nini titip pesen, bisi jeung bisi, bisi
enya sinini tampil di majalah cap kelenci berdasi tea, wayahna imah urang
sakurilingna make kawat berduri heula bisi aya nu ngademo, ma'lum
diurang mah pan loba pisan nu resep kana demo teh, malah sok ditarumpakan
sagala.(bemo eta mah, nini!)
Tah kitu we ki surat ti nini
teh, implik implikna mah wayahna salila
lima bulan kahareup kiriman moneygram teh distop heula pan jang ngabeayaan
oprasi tea. Beu teu ngeunahna buntutna nya, enya pan nu ngeunah buntutna mah
tetep we buntut siaki, pelem!
Nini nu teu weleh mikasono.
euis rancunitwati
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
YAHOO! GROUPS LINKS
|
- Re: [Urang Sunda] surat ti nini syam ridwan
- Re: [Urang Sunda] surat ti nini ikmals
- Re: [Urang Sunda] surat ti nini Siddik Wiradireja

