Oh, kitu anu saleresna teh, kang Adi... Jadi "adi" di dieu teh nami atanapi lalandihan tuang nini... Asana kaci ari kitu mah... Hatur nuhun kang...

Salajengna, perkawis waktos, lembur urang (WIB) teh langkung enggal 5 jam (ti ngawitan Maret) atanapi 6 jam (ti ngawitan Oktober) tibatan Perancis. Tanggal tangtos robihna benten 5 jam ka 6 jam atanapi sawalerna teh biasana mah dina dinten Ahad sabada dinten munggaran usum kembangan (musim semi, Maret, robih tina benten 6 jam ka 5 jam) sareng dinten Ahad sabada dinten munggaran usum muguran (musim gugur, Oktober, robih tina benten 5 jam ka 6 jam). Kukituna, upami ayeuna mah, tabuh 08.00 enjing-enjing WIB teh sami sareng tabuh 03.00 janari di Perancis.

Leres kitu, Kang Ganjar?

Mugia katampi,
AJ

Pituin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
*********************************************************
Haturan Kang AJ!!

hehhehehe.... lieur nya??? kantenan kuring oge... (harrrr!!!  :D)

Kang A Je ....... dupi "pun" di dieu sapangemutna kuring mah (salian dina kecap samodel "pun bapa", "pun biang", "pun lanceuk" .... "pun.. teeeeen" :P) panginten kanggo babasan dina serat.
Janten langkung payus upami dihartoskeun sapertos "si" (kasarna tina "pun", janten "si" adi = "pun" adi).
Manawi aya nu langkung uninga dina perkawis pedaran kecap "pun" ieu, sumangga kapangersana dihaturan ngadadarkeun.

Lajenggg..... dupi alatana kuring nganggo sandi-asma "pituin"... bubuhan nami lengkep kuring mah henteu sapertos ilaharna US (sapertos ASEP, UJANG, DADANG, jste) .... janten minangka ngawanohkeun kanu tacanna uninga ... yen Rudy Setiawan teh US, nya sim kuring mendakan kecap basa sunda dina hartos "urang asli/panduduk wewengkon/warga satempat" ... nyaeta "pituin".

Dupi kecap "adi" mah eta mah nenehna kuring di lembur, kasatukangna mah pedah kapungkur nuju pun nini jumeneng, kuring teh saenyana incu pangbontotna .... jadi we sok di sauran "adi" (minangka adi pikeun anak-incu pun nini).

manawi katampi,

-pun adi-
*Kang ... punten, tumaros! upami di lemah cai tabuh 8 enjing, di ditu tabuh sabaraha?? (sarieus ieu mah Kang? :D)
*********************************************************

On 4/15/06, Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah sehat, Kang Pituin...

Sanes, kuring teh aya rasa kagok ku ID "pun.adi" teh... Kapan kecap "pun adi" mah tara kungsi jadi jatidiri nu nyarios atanapi nu gaduh jejer, sami pisan sareng "pun lanceuk", "pun bojo", "pun biang", "pun bibi", jste... sabab "pun" teh bias dihartikeun "anu kuring" dina urusan babarayaan. Cobi emutan kalimah sapertos kieu: "Kuring teh pun adi"... pan aneh nya...? He he...

Punten bae nya Kang, ieu mah ngan saukur ngedalkeun kahemeng... Dalah kitu, ari ngan saukur jadi ID mah teu sawios-wios.... sugan... (nambut elmu kang Dudi, he he...)

Saestuna "pituin" sareng "pun adi" teh karasa pisan Sundana teh... Aya sajarahna eta teh, Kang, pangna dianggo ku akang?

AJ
---xxx

--
*******************************************
"...purbastiti purbajati, suka kreta tang lor kidul kulon wétan kena kretarasa..."
-----------------------------------------------------
http://groups.yahoo.com/group/POESAKA_SOENDA/
http://www.urang-sunda.or.id/
http://www.sundanet.com/
http://su.wikipedia.org/
http://pituin.multiply.com/
*******************************************


Yahoo! Messenger with Voice. Make PC-to-Phone Calls to the US (and 30+ countries) for 2¢/min or less.


Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2¢/min with Yahoo! Messenger with Voice.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke