Duh, Cep Dudi...ntong atuh etamah heureuy! Pun Nini mah sok ngadamel Kuah Meong soteh jaman kapungkur pisan alias jaman Walanda keneh kapungkur mah teu acan aya pecin...kadieunakeun aya pecin, ditambihan ku pecin. Ieu mah pami bade emam teu aya nanaon mung aya sayur herang wungkul, pun biang the sok miwarang emam bari gumujeng,"Geura dahar jeung Kuah Meong!...heheh".
 
Gaduh artos mah kedah barang tuang nu leres, pami tiasa mah 4 sehat 5 sampurna tea...kanggo naon artos mucekil, ari awak leuleus meuyeu? Ceuceu mah alim pedah aya resep Kuah Meong, hayoh baraya US narurutan. Ke aya di Kompas Jawa Barat," Beberapa Warga Kusnet Terkena Busung Lapar"... deudeuh teuing...hihih.
 
cr

>>> [EMAIL PROTECTED] 04/18/06 10:47AM >>>
eta si euceu iklanna meni murudul he he he he...
abdi mah kabongroy ku "kuah meong" sabab anak kos! pas nya? lumayan ngirit pisan sekali amat nya? ngan edas si euceu mah, piraku abdiw disamikeun sareng ucing he he he he... ceu, moal nanaon kitu mun unggal neda ngangge eta? :D

 



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke