nuhun kang infona, tapi asa teu merenah,... kamari nuju mauludan di lembur pa ustadz teh nyangemkeun kieu ; lamun urang bisa ngaraksa diri ku lima jeung genep hal tos tangtos sagala rupi pepetetan nu aya dina diri urang tiasa leungit....
bubudakeun kitu ??, tapi ieu oge asa teu yakin sarua kurang merenah...hihi punten ah.
 
-----Original Message-----
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED]On Behalf Of Dudi Herlianto
Sent: Tuesday, April 18, 2006 11:03 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] kecap pepetetan

punten upami lepat,
 
pepetetan biasana dilarapkeun kana anak pepelakan, bibit tutuwuhan.
 
conto dianggo dina sajak mang koko (dikandelan):

Cinta Nusa

1
Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah, hejo lembok sugih mukti
Subur tutuwuhan
Beunghar pepelakan
Daun hejo ngemploh, karaharj'an lemah cai

Kakayon tumuwuh subur pajangkung-jangkung
Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung
Piraku rek rela
Piraku rek tega
Alam nu ngemploh hejo pinarengan ngarangrangan, teu kariksa

2
Tutuwuhan nutup alas bandawasa
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma
Peryoga dijaga
Diraksa-diriksa
Kakayon mangpaat, sumber kahirupan bangsa

Mamala tanah ngoblog, nungtun gimir-ketir
Bahaya gunung urug padataran banjir
Rampak pada dokoh
Samakta sosoroh
Ngagarap tanah ngeblak, dipelakan tatangkalan, hejo ngemploh

3
Sawajarna putra bangsa mu merdeka
Di padesaan, pasiringan jeung di kota
Andon gotong royong
Lakon silih rojong
Rampak ngahejokeun tanah ngeblak dimamana

Saihwan rame gawe pada moho dolog
Pelakan tong kalarung unggal tanah ngoblog
Singkil babarengan
Langkah sauyunan
Kakayon hejo ngemploh, karya ragem gotong-royong rereongan

===
ieu sajak kenging ti ramatloka kusnet, tina seratan mang Oman.
 
nuhun,
 
deha

 
On 4/18/06, Waluya, Dani R <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dupi aya nu uninga kécap pepetétan jeung merenah dianggo dina kalimah naon?. Nuhun
 




--
~:ngadék sacékna, nilas saplasna:~
deha.wordpress.com
borondongjagong.blogspot.com
 

This message (including any attachments) is only for the use of the person(s) for whom it is intended. It may contain Mattel confidential, proprietary and/or trade secret information. If you are not the intended recipient, you should not copy, distribute or use this information for any purpose, and you should delete this message and inform the sender immediately.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke