Jadi inget baheula keur di Bandung, boga sobat urang Padang, tapi wanter pisan ngomong Sunda, bari aneh jeung lucu oge... Ieu sababaraha contona:


1. Cai Hareudang

"Boga cai hareudang henteu?", 
"Naon maksudna"
"Enya cai panas"
"Nya cai panas we, ulah jadi cai hareudang"
"Pan maneh lamun make kipas kusabab hawa panas nyebutna hareudang"


2. Ngacaprak
Basa keur maen bridge, King manehna ditindih ku As kuring, ari pok teh: "Ngobrol atuh ari boga As teh"
"Lain ngobrol atuh, ngomong kituh"
Tapi manehna nembalan,
"Nya ngobrol atuh, lamun ngomong mah duaan"
Kuring panasaran, terus nanya,
"Lamun sorangan naon ngarana?"
"Ngacaprak", ceuk manehna mani teu kireum-kireum


3. Pencet Anggeus

Hiji waktu kuring ngajak maen bridge deui, sabab kurang saurang. Kareret memang manehna keur digawe, tulas-tulis.
"Boy, bridge yu..."
Manehna ngajawab,
"Ke heula sakeudeung, keur pencet anggeus yeuh"
Kuring rada kerung ku istilah pencet anggeus teh, terus nanya,
"Naon maksudna pencet anggeus teh?"
"Enya, finishing touch, pan?", jawabna teh,
"Enya meureun", ceuk kuring teu bisa nyalahkeun...

AJ


"S. N." <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Eta ari basa Sunda dicampurkeun ka basa Inggris teh jadi lalucu tea ...............
heheheheheheheehheehe

wildan thoyib~~ <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
upami lieur, mun make windows yeuh ::klik start -> turn off computer->teken shift terus klik hibernate, atau turn off, (tutup monitor mun make notebook), teras indit dug seuk sare....
mun make linux klik console ketik # kill 0 ....., teras indit dug seuk sare....aman....
 
cag ah mangga.........baraya...........

 
On 4/17/06, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Gampil eta mah, klik bae view, tangtos kaluar icon text size, klik bae ukuran huruf anu meujeuhna, atanapi anu langkung ageung, komo upami anu paling ageung mah, pasti moal renyek? cobian geura.


tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,
Rumasa da rada gaptek.
Ieu kuring boga karerepet dina per imelan.
Dina email kuring anu di google..eh gmail tea, tampilan aksarana teh laleutik pisan. jadi we hese macana. renyek.
Kadang, ari kudu mukaan di yahoogroups teh rada riweuh. komo pail nangkod na tara aya.

cing kumaha, cing

salam
tantan


Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS






--
Wassalam Mualaikum Wr Wb


New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big.


Blab-away for as little as 1¢/min. Make PC-to-Phone Calls using Yahoo! Messenger with Voice.


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke