Haturnuhun Bah komentarna.
Ari sepuh mah kitu, komentarna meni "komprehensip" alias jero....
ku kuring teu ka sawang nepi ka beulah dinya mah.
ku kuring teu ka sawang nepi ka beulah dinya mah.
kh
Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Komentar kuring kang? ..............hehehee ieu mah soal "dagang" kang.
Sigana Majalah Playboy edisi Indonesia ditujukeun ka kalangan lalaki nu geus
kadidik, kaayaan ekonomina geus mampan (beunghar lah), orientasina saeutik
liberal (rada kabarat-baratan) tapi oge boga karesep kana seni, sosial
budaya jeung politik, umumna independen, teu kaiket ku tradisi, jadi meureun
nu disebut golongan menengah tea. Kuring mah teu meser PLayboy Edisi
Indonesia, kahijina mah mahal, kaduana asa era ku pun anak di rorompok
mamawa majalah nu geus dipresepsikeun goreng ku masyarakat. Tapi baheula
kungsi maca Playboy versi aslina aya nu mere (kuring acan kantos nganjang ka
nagara-nagara nu bebas dina soal nu sex). Salian ti gambar bulucun, eusi
Playboy teh aya artikel wawancara jeung Walid Jumlat, tokoh Lebanon ti sekte
Druze. Eusina lain kahirupan seks Walid Jumlat, tapi soal politik di Lebanon
jeung politik Internasional. Tapi duka nomer2 nu sanesna mah da teu kantos
maca deui.
Jadi, teu aneh, lamun Playboy Edisi Indonesia oge, eusi artikelna beda jeung
gambarna. Tapi memang Playboy tetep we "image"na mah majalah porno, sanajan
artikelna aralus oge. Da hayang maca artikel nu harade mah, teu kudu meser
majalah Playboy...........maca we Majalah sanes, saperti Tempo, Gatra jrrrd
nu eusina oge munel (langkung).
Baktos,
WALUYA
Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

