assalamualaikum,
kumaha kang kabarna sae?......punten nya basa abdi teh rada teas..........
tarisi mah hiji tempat ngadamel pakarang...........

abdi jasingana cakeut terminal jasinga tiasa leubeut kana jalan
pagutan atanapi siliwangi........abdi teh alamatna ti jl.siliwangi
no.33 rt04/01 jasinga-bogor 16670, hp abdi 0817 9989 544 (yana
maulana)..............

cidurian mah tempat paulinan abdi keur ali kang.....da jarak ka
cidurian ti bumi teh ngan ukur 200 meteran....nu nyebatkeun jasinga
teh keueung, sanes akang wae.Rencangan abdi geh nyariosna sami, saurna
siga asup ka jaman baheula...mun kukitu meuereun aurana......

kalakayjasinga teh mun hiji komunitas nu aya di jasinga, ngan umurnana
teh masih keneh saumuran jagong kitu.....mun pergerakan abdi teh masih
independent.....jasinga mun saur sesepuh abdi teh masih aya keneh
baraya sareung sumedang nyaeta ti embah jaya perkosa? nah kukitu teh
abdi keur nelusuri kang?

jasinga teh masih nyimpen seueur bukti sejarah nu keur diulik ku
komunitas kalakayjasinga....contona di jasinga teh seueur makam-makam
kuno nu aya di sabaraha tempat nyaeta: gunung kulantung,
pagutan,cidangiang,garisul jeung janglapa........mun cek sesepuh mah
di pagutan teh aya makamna ratu bagus buang?.....kang linggihna ti
mana ayeuna?........

hatur nuhun,
Kalakayjasinga
Yana (mev)
wawan
andri


On 4/18/06, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Dear Akang ti Jasinga,
>   Punten Akang abdi sanes bade ngawaler pertarosan akang, tapi abdi sering
> ka JAsiinga da gaduh Bibi sareng dulur sa-brayna anu linggih(Amang almh adi
> lanceuk sareng Bapa(almh) di Dusun Tarisi, Desa BAgoang anu ayana diantara
> Jasinga sareng Tenjo (araraneh ngaran lembur di Jawa Kulon mah
> euy...sakapeung sok matak hayang seuri).
>   Malih mah dulur sabray-na nganjrek di ditu ayeuna. Susah angkutan ka dinya
> teh. Sakali kana kareta ti Tenjo dugi ka Jakarta,raos ngangge kareta mah
> sakeuedeung mung eta meni paentep-entep jiga pindang. Untung teu
> kacopetan.Kana Beus ti Tangerang ka Jasinga. Pohara jalanna siga tempat
> mandi kebo. Aduh matak teu betah diuk, kapepende ku alam anu hejo jeung
> kebon anu matak waas.
>   Palebah Parung Panjang terus nepi ka Jasinga leuwih hade oge alam-na malah
> mah aya Perkebunan sagala ah pokoknamah betah jeung matak hayang cicing di
> lembur.  Ngan eta we jalan beuki ka jero.
>   Alam di Jasinga matak maruringkak bulu bitis jeung bulu tuur, Geueuman
> jiga asup ka leuweung geledegan. Sanes bae ku leuweungna da di lemburna ge
> geus geueuman, anu teu biasa jiga alam Priangan anu someah jeung permai,
> moal betah. Duka kunaon sababna, emang eta geus tabiat alamna atawa memang
> hawa alam Jawa Kulon anu memang kitu, atawa sugesti abdi?
>   Tapi sigana masih keneh seueur plasma nuftah anu can kanyahoan di daerah
> ieu anu meureun janten mangfaat kanggo urang da seueur hutan lindung anu di
> talungtik ku mahasiswa boh IPB atanapi mahasiswa sanes.
>   Duka iraha ka Jasinga deui, tapi sababaraha minggu katukang dulur sabrayna
> teh nga-SMS teu eureun-eureun sina ulin ka  Jasinga deui. Duka iraha da nuju
> pakepuk!!
>
>   Ari akang dimana Jasingana? Sok negbak di ci Durian teu?
>
>   Urang sumedang
>   Dens
>
> kalakay jasinga <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>   assalamualikum wr,wb
>
> dihapunten ka sadayana sim kuring ti komunitas sunda "kalakay Jasinga"
> nu umurna teh karek saumur jagong kitu, mun basa sim kuring rada kasar
> di hapunten kasadayana sabab abdi teh ti sunda beulah kulon......tah
> di handap ieu aya uneg-uneg abdi nu hoyong di taroskeun:
>
>
>
> Website :
> http://jatigede.bravehost.com/
> Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
>




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke