Pami di lembur abdi mah, sok sieun pami sasih Mulud...saur sepuh mah dina sasih eta teh seueur nu "Nyulurkeun" kanggo wadal nu munjung/muja. Matak pun biang mah sok omat2an ka pala putrana pami mendakan artos di jalan teu kenging dicandak atanapi dipasihan tuangeun tinu munjung (masarakat mah sok tarerangeun) bilih disulurkeun... hiiiii....
 
cr

>>> [EMAIL PROTECTED] 04/19/06 08:13AM >>>
Bah, bulan Mulud biasan saur para sepuh mah
(kapungkur) seueur kajajaden MAUNG. Cirina kajajaden
maung (nu mangrupakeun jelema), eta jalma teh teu aya
UNTAPan (nu rada celong luhureun biwir, handapan irung
di daerah kuring disebutna untap).

Baktos
Jaka

> Kacida kuring hanjeluna, da geus kabayang moro
> careuh, tangtu leuwih
> resep deui, Tapi ras oge dongeng Nini yen di bulan
> Mulud teh pantang
> tataekan, nuaran kai jeung moro sato. Ceuk cenah
> bisi pahili moro
> kajaden nu dina bulan Mulud teh nuju ngabring ka
> Cirebon nyekar ka
> Makam Sunan Gunung Jati ti tempatna ti leuweung
> Sancang di Garut.
> Duka sato naon, nu kapendak ku Mang Ape teh dugi ka
> tuturubun turun
> kitu, tepi ka ayeuna oge kuring lamun inget, sok
> panasaran.
>
>
> WALUYA
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id

> Yahoo! Groups Links
>
>
>     [EMAIL PROTECTED]
>

>
>
>


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke