<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> kumaha lamun kapanjanganna teu dibeja-beja? punten ieu mah. playboy
> indonesia ge pan teu nyebutkeun maneh majalah teu porno nu eusina
> (artikelna) alus.
Angger teu salah Kang, sabab ari hukum mah kudu jelas. Lamun aya
singketan, nya kudu puguh heula naon eta teh. Bangsa urang, geus
kabiasaan nu dilawan teh simbol ("icon") lain eusina. Jaman SUkarno
nu anti Barat, Koes Bersaudara (Koes Plus) asup panjara, kulantaran
bandna nurutan The Beatles nu dianggap rpresentasi budaya barat (
Tapi aya lucuna nu keur karawasa malah muter film Hollywood, dansa-
dansi, jeung nyarios pacampur ku Basa Walanda/Inggris). Kitu deui
jaman Orba, teu kaop nempo gambar "palu arit", pasti jadi "heboh".
Kuring inget bukuna Muhtar Loebis, "Manusia Indonesia". Ceuk Muhtar
Loebis urang Indonesia paling resep lamun nyieun "jurig"
jeung "azimat". Jaman Sukarno "jurig"na teh Nekolim, Malaysia jrrd
ari "jimat" anu sakti mandraguna "Manipol Usdek" (poho deui singketan
nanahaon eta teh). Keur jaman Orba, "jurig"na , PKI, "azimat"na
Pancasila. Waktu di taun 1966, di jalan-jalan di Sumedang, seueur
poster jeung corat-coret, anu unina kieu "Amankan
Pancasila", "Pancasila Azimat Bangsa" jrrd ......
Ayeuna, jaman reformasi, sigana sajarah kaulang deui!
Baktos,
WALUYA
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/