Baheula, keur masih keneh sakola di Bandung, kuring boga babaturan nu ceuk barudak disebat "Orgil". Disebat Orgil margi ide-idena nyeleneh, teu didasarkeun ku logika. Lamun ngobrol manehna teu leupas tina nyaritakeun kebesaran legenda sunda, Sangkuriang jeung Ciung Wanara.
Kuring lulus, manehna acan. Karek bulan kamari kabeneran panggih deui di Jakarta. Ternyata manehna di-DO margi leuwih ti 7 th. Naon sababna ? Ternyata, "kaORGILan" manehna teh tetep sampe kana penulisan Skripsi. Skripsina ditolak, teu ilmiah !, cek dosen pembimbing. Naha teu ilmiah ? kuring nanya. "Metode Penelitian saya make metode - istilah manehna - META ANALISYS, metode penelitian "Ilmu kebatinan", cek manehna. Skripsina tentang Prabu Siliwangi, make data primer carita rakyat sunda, wawacan, jeung karya sastra sunda nu patali jeung Siliwangi. Tapi dianalisa ku "ngalamun" anu ngajurus kana hal nu abstraks. Contona Prabu Siliwangi nyaeta Raja Pajajaran nu sakti mandraguna, bisa ngaleungit, napak cai, nurus bumi, jeung hiber, jsb. Pertanyaan kuring : apakah meta analisys termasuk metode ilmiah ? Tos ah, bade neda heula, lapar ! Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

