Cik, urang rada diropea make basa loma...sugan bae jadi bener ieu oge, he he... Basa lemesna mah, mangga bae nyanggakeun ka anu kersa...

AJ

-------------

Baraya,

Hampura... da kuring mah ti munggaran ilubiung di ieu surelek teh geus tamada ka baraya nu aya di ieu wewengkon... mun tea mah aya kasalahan tulis menta dipangmenerkeun bae.. diropea malah mandar jadi kaharti.. Kapan kuring teh lahir di Jakarta... gede oge di Jakarta.. Enya ari indung kuring mah ti Sumedang.. jeung lamun di imah mah nyarita teh sok make Basa Sunda ... tapi Basa Sunda kuring mah lain meunang diajar tina buku tapi meunang mulungan sakecap-sakecap.. Tah hampura bae nya lamun kuring teu bisa nyarita Basa Sunda nu bener di dieu ... Sok ah, kuring rek ka juru deui bari cingogo... lalajo nu sejen...


Wassalam

Aldo


aldo desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dear,

pungteun... da abdi mah ti awal abus ka iyeu millist geus permisi ka baraya nu aya di iyeu wewengkon... mun aya kasalah tulisan mah nuhun wae.. mun diperlurus mah ceunah.. apan abdi teh lahir teh di jakarta... gede ge dijakarta.. ngan di imah pun ibu ti sumedang.. janten mun di imah sok make bahasa sunda ... jadi basa sunda nu abdi mah tara belajar ti buku sakecapna wae.. tah punteun ah mun teu tiasa nukitu didiyeu ... sok abdi bade mojok deui kapojok bari jongkok... ningalikeun nu sejen ;p


Wassalam


HrD PT Rals. Tbk.


  ----- Original Message -----
  From: Emod Morales

  Kang Aldo Punten mang rewu-rewu punten...! Nyerat e sareng eu ...!

  cakeut ==> caket
  ngadeug ==> ngadeg

  Di Bandung mah "caket", "ngadeg" duka upami di Sumedang sami kitu..?


--X diteukteuk K#5 X--




Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke