|
Lamun tea ka panggih ku prabu siliwangi eta puisi/atanapi naonnya, bakal hemeung naon cenah Bluetooth teh
-----Original Message-----
Mun seug hate urang aya bluetooth-an Meureun bisa silih transfer eusi hate Kuring bisa nyaho hate anjeun Anjeun bisa nyaho hate kuring
Mun seug hate urang aya infrared-an Meureun bisa silih kanyahokeun kahayang Kuring bisa nyaho kahayangan anjeun Anjeun bisa nyaho kahayang kuring
Ngan hanjakal hate jalma mah teu bisa kakobet Satiap ngajugjugan hate anjeun, ngan ukur dijawab ku mailbok Satiap ngajugjugan hate anjeun, ngan ukur dibales ku voice mail Antukna ribuan sms kahemeng, mudal minuhan inbox hate kuring
Hmmm...padahal kiwari geus bebas roaming Padahal kiwari geus aya talk time Padahal kiwari keur usum free talk Cik atuh balaka aya naon nu sabenerna
Pan tibaheula ge geus pada terang Yen diantara urang aya perbedaan Anjeun make cdma atuh kuring make gsm Tapi teu jadi panghalang eta mah ngan ukur beda kasuka
Boa enya rasa simpati anjeun geus laas Gara gara telat ngiriman pulsa Atawa alatan kado ulangtaun tea Pan asana mah teu salah ukuran bh teh ukuran xl sr
|
- RE: [Urang Sunda] Sabulangbentor totong usman
- RE: [Urang Sunda] Sabulangbentor Emod Morales

