Meungpeung teu acan haseum pami angeun tea mah, nembe 3 dinten kalangkung ….

 

Dinten Minggu kamari, biasa enjing2 sok sepor lulumpatan di wewengkon Lanud Sulaiman nu masih keneh beresih hawana, seueur keneh tatangkalan, sawah & kebon. Satos ngalaksanakeun “kawajiban” lumpat ½ lapangan landasan, salangkungna mapah bari tenga-tengo ningalian nu dagang disisi jalan. Rupi2 ti sayur dugi ka kudung (jilbab), waw! nyaan siga Pasar Reuwas (Pasar Kaget) da mung aya saminggu sakali.

 

Nuju jongjon ningalian bari ngatur napas nu hah heh hoh, breh di bah sawah aya bebegig (jajalmian paragi nyingsieunan manuk) tapi teu nganggo dudukuy katambih rada aneh teu nganggo lancingan pangsi tapi …. nganggo kabaya, kembang2 kayas sareng hejo….emansipasi teh teu dina jalmi wae tapi tos dugi kanu bebegig heheh…

punten ah, heureuy...

cr

 

 

 

On Fri Apr 21, 2006  2:54 pm Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>:

heu heu heu punten salah ketik maklum teu aya socaan. maksad teh 1884.. angger hese wae nulis taun teh, taun ieu ge remen wae nulis 2005 he he he he oge nu 1987 maksadna mah 1887...

 

punten pisan,

 

On 4/21/06, reka gayantika <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

kumaha caritana kang... lahir 1984... maotna 1947... Asa lieur kuring mah kang?????????

2006/4/21, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]>:

haturan teh ratna...

 

upami teu lepat, kenging tina wikipedia. dewi sartika lahir tanggal 4 desember 1984, maot 11 september 1947. mangga sungsi nyalira di http://id.wikipedia.org/wiki/Dewi_Sartika .

 

dina seratan sim kuring jigana mah lepat (taun 1987), ningal dina pr eta teh. basa dibaca salengkepna geuning aya dua taun ngeunaan kalahiran kartini dina artikel eta ( http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/1203/04/0108.htm). pada kalima sareng pada kaopatwelas.

 

mugya ngabantos, sareng hapunten..

 

dudi



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke