Wa'alaikum salam,
Kang Cep, nadoman di Sunda seueur pisan, utamina anu aya di kalangan pasantren atawa santri kalong atawa pangajian-pangajian. Salah sahiji nadoman anu tos kolot pisan aya di masyarakat Sunda nyaeta "Syi'rul Hisan", kumpulan nadoman atawa pupujian ngeunaan sajarah nabi Muhammad saw anu dinadomkeun.
Aya oge nadoman-nadoman anu dihaleuangkeun ku para santri samemeh atawa nalika ngantosan ajengan sumping/ngawitan ngawurukan/nagdugikeun pangaosanana, atawa ngantosan sholat berjema'ah dikawitan. Rupina di Cupumanik aya kumpulan nadoman sarupi eta. Atuh kanggo survey lapangan, Insya Alloh abdi kersa ngabantosan (kaleresan tajug tempat abdi ngaji keur leutik masih satia ngahaleuangkeun sababaraha nadoman anu dimaksud).
Saterasna, aya ahli budaya Sunda danget ieu anu parantos ngadamel karya ageung nadoman, nyatana Abah Surya (Rd. Hidayat Suryalaga). Anjeunna narajamahkeun Al Qur'an dina wangun (tarjamahan) Basa Sunda anu gampang kaharti ku barudak tur dina wangun nadoman. Ieu karya dinamian "Nurul Hikmah". Danget ieu asana parantos rengse 30 zuz Al Qur'an ditarjamahkeun dina wangun nadom Nurul Hikmah.
Dina Nurul Hikmah, tiap surat atawa sabaraha kumpulan ayat luyu jeung jejerna ditarjamahkeun kana Basa Sunda dina wangun nadom. Wirahma nadomna luyu sareng anu biasa kapendak di pasantren-pasantren atawa pangaosan-pangaosan. "Nurul Hikmah", sok sanaon teu acan kenging komentar atawa apresiasi Kang Ajip Rosidi, namung tos seueur janten rujukan mahasiswa.
Salah sawios conto Nurul Hikmah tiasa diakses di alamt ieu:
Kanggo kaperyogian kontak ka Abh Surya, mangga japri wae.
Sakitu wae heula.
Cag.
baktos,
manAR
On 4/23/06, cep_iq <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamualaikum
abi peryogi nadoman & pupujian kango skripsi abi,
abi nuju ngadamel skripsi atsar al-adab al-arobi fi
al-adab al-andunisi, dimananya milariana? Aya nu
terang alamat-alamat websitena? Nuhun
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
SPONSORED LINKS
| Corporate culture | Business culture of china | Organizational culture |
| Organizational culture change | Organizational culture assessment | Jewish culture |
YAHOO! GROUPS LINKS
- Visit your group "urangsunda" on the web.
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

