Janten acara di Subang ping 30 April?
Teu acan aya deui bewara ti tukang wawar.
Abdi oge hoyong dongkap ka acara Rancage, mung pakepuk sareng beberesih rorompok jeung motong jukut, hehehe.....
Eta gening wantun rafting usum hujan kieu? Abdi mah batal ka Citarik, tadina bade kemis ieu (27 April) da cenah caina nuju ageung. Janten bade ngantos dugi ka Juni. Sugan teu saat caina.
Tiris pisan panginten di Pangalengan mah nya.
 
Baktos,
ika

kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Geuning tanggal 29 April poe saptu ayeuna seren sumeren hadiah Sastra
Rancage teh...? deuh hanjakal yeuh geus aya acara ti pangulinan rek
rafting (arung jeram) ka pangalengan, satadina mah lamuna aya acara
seren sumeren Sastra Rancage hayang ngilu nguluuhan bari lalajo...deuh
ku hanjakal pisan...
tanggal 30 poe Ahadna acara di Subang jadi saurna, tapi ngenaan teh
Netty tos dugi acan ka Indonesia sim abdi oge keur nungguan beja malah
nurutkeun itungan waktu mah tanggal 21 April teh tos badarat di Indonesia.

"kkbm'69"
-MJ ari ka subang bade sareng saha/rombongan mana...?
-teh Netty pami teu lepat mah hoyong samemeh di subang hoyong tepang
heula jeung baraya US nu aya di Bandung.

--- In urangsunda@yahoogroups.com, "mj" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>
> tadi nyimpang ka cupumanik karawitan 46, tepung jeung Hawe oge
Dadan, dua
> gegedug majalah basa Sunda Cupumanik. cenah acara hadiah sastra Rancage
> baris diayakeun di UPI (universitas pendidikan indonesia) Ledeng, Bdg,
> ping 29 April. poe saptu.
> ari isukna, Minggu 30 April teh acara ka Subang tea nya. teh Netty
Martin
> ayeuna tos di Indonesia atawa teu acan nya...
>
> mj
>
> http://geocities.com/mangjamal
>






Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1¢/min.

Komunitas Urang Sunda -->
http://www.Urang-Sunda.or.id




SPONSORED LINKS
Corporate culture Business culture of china Organizational culture
Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture


YAHOO! GROUPS LINKS




Kirim email ke